
Nurutkeun prasasti Geger Hanjuang nu kapanggih di suku gunung Galunggung, hari jadi kota Tasikmalaya teh tanggal 21 Agustus taun 1111 Masehi. Dina abad ka-8 nepi ka-12, di Tasikmalaya teh aya pamarentahan dina wangun kabataraan. Pusat pamarentahanana di Tawang atawa Galunggung. Anu kungsi jadi batara waktu harita teh nya eta Sang Batara Sempak Waja, Batara Kuncung Putih, Batara Kawindu, Wastu Hayu, Hyang Ratu Galunggung. Pamarentahan kabataraan robah jadi karajaan Galunggung. Nu jadi rajana nya eta Batari Hyang Galunggung, Rakean dermasiksa, Ratu Saunggalah Prabu Ragasuci, Sang Lumahing Taman, Ratu Galung Sakti, Ratu Sembah Golek, Ratu...