Rabu, 18 April 2012

Sasakala Maung Panjalu


Kocapkeun di Karajaan Majapahit, Prabu Brawijaya anu ngaheuyeuk eta nagara keur anteng neuteup bulan purnama. Nginget-nginget kajadian mangsa ka tukang, kajadian anu ngabengkahkeun dua karajaan, Karajaan Majapahit jeung Karajaan Pajajaran. Kajadianana memang geus lila pisan, geus kaliwat sapuluh kitu taun ka tukang. Nyaeta kajadian anu katelah Perang Bubat.

Timbul niat
anu luhung dina manahna. Niat pikeun nyambungkeun deui duduluran anu kungsi kapegat ku rasa ceuceub. Sabab dihenteu-henteu oge, upama dijujut ka puhu mah, Raja Majapahit jeung Raja Pajajaran teh ti karuhunna mah tunggal sakocoran. Carana mah bisa ngaliwatan pertikahan. Kabeneran Prabu Brawijaya lalagasan keneh.

Sang Prabu Brawijaya enggal nyaur Patih. Barabat atuh nyaritakeun pamaksudannana, nyaeta ngalamar putri Karajaan Pajajaran, anu geulis Putri Kencana Rarang. Tujuanana, taya lian pikeun nyambungkeun tali silaturahmi anu kungsi pegat pisan.

“Kasalahan karuhun urang baheula, henteu hade lamun akibatna terus dikukut, sarta henteu perlu diwariskeun ka anak-incu.”

Patih sapuk kana pamaksudan Sang Prabu.

Poe eta keneh Patih tatan-tatan, ngumpulkeun balad sarta nyadiakeun bekel pikeun indit ngajugjug ka Karajaan Pajajaran. Eta rombongan diluluguan ku hiji Mantri. Dina waktu anu geus ditangtukeun, eta rombongan utusan Majapahit teh indit ninggalkeun nagarana maju ngulon. Lalampahan anu henteu gampang lantaran nyorang leuweung geledegan.

Kacaturkeun eta rombongan utusan teh geus tepi bae ka puseur dayeuh Nagara Pajajaran anu perenahna di Dayeuh Kawali. Utusan Majapahit meunang pangbagea anu hade, boh ti rahayat Pajajaran, boh ti Raja Pajajaran. Mantri anu jadi kokolot utusan Majapahit masrahkeun surat ti Prabu Brawijaya anu unggelna seja ngalamar Putri Kencana Rarang bari sakantenan maheutkeun deui tali silaturahmi antara Karajaan Majapahit jeung Pajajaran. 
Raja Pajajaran nampi eta lamaran, ngingetkeun kana niat luhung Raja Majapahit. Ajakan pikeun hirup sauyunan memang kudu ditarima kalawan jembar. Manakomo, Sang Prabu Brawijaya teh yuswana teu sabaraha geseh sareng Nyi Putri. Tumut kana kapalay sepuhna, Nyi Putri oge kersa dipihukum ku Raja Majapahit. Malah harita keneh oge ditangtukeun waktuna. Wanci anu mustari pikeun jatukrami.

Dina waktu anu geus ditangtukeun, Sang Prabu Brawijaya sareng rombonganana angkat ka Pajajaran kanggo rendengan. Sadugina ka Pajajaran, teras bae direndengankeun nyandingkeun kembang Pajajaran Kencana Rarang. Munggah nurub cupu, nu kasep sareng nu geulis. Der atuh ngayakeun pesta kacida ramena. Pesta nagara tujuh poe tujuh peuting. Sagala tatabeuhan ngageder taya reureuhna, lir anu nembongkeun kabungah nyacapkeun kasono.

Sanggeus rengse pesta jeung sukan-sukan, Putri Kencana Rarang dicandak ka Majapahit. Ngiring ka ingkang caroge ngaheuyeuk dayeuh. Rumah tanggana estuning reugreug pageuh, ditilaman ku kanyaah dipupuk ku kadeudeuh. Sawatara bulan ti harita Putri Kencana Rarang wawartos ka carogena yen anjeunna ngandeg. Sang Prabu Brawijaya kalintang suka manahna.

Nalika bobotna bade majeng ka salapan sasih, bet jorojoy we dina manah Nyi Putri aya kapalay nyelang mulih ka Pajajaran, ku margi palay babar di bali geusanna ngajadi, disakaikeun ku ibu ramana katut kadang wargi. Kawitna mah ku Sang Prabu teu kawidian. Komo deui Nyi Putri dina kaayaan bobot, anu ceuk itungan indung beurang mah, moal dugi ka sasasih oge orok baris medal.

Nanging ku margi Nyi Putri keukeuh, sareng nyariosna dibarung ku merebey mili, ahirna mah Sang Prabu teh leah manahna.

“Mangga atuh ari Rai maksa angkat mah. Mung hapunten, Engkang teu tiasa ngajajapkeun, ku margi nuju pameng mayunan nagara,” saur Sang Prabu Brawijaya. Anjeunna ngutus hiji Mantri kapetengan, kanggo ngajajapkeun Nyi Putri ka Pajajaran.

Sanggeus bekel katut para pangiringna sadia, bring atuh rombongan Putri Kencana Rarang angkat ti Majapahit seja ngajugjug ka Pajajaran. Angkat nyacat nyorang leuweung geledegan, mipir-mipir pasir mapay-mapay jungkrang. Nyi Putri angkatna ditandu kana joli. Diaping ku Mantri katut para ponggawa. Sanaos kedah nyorang jalan rarumpil, Nyi Putri katingal paromanna bear marahmay, kumargi bade tepang sareng ibu ramana.
Sanggeus sababaraha puluh poe lumampah, rombongan Nyi Putri anjog ka hiji tempat di suku Gunung Sawal, kuloneun Ciamis ayeuna. Nyi Putri ngaraos nahnay sareng lalesu. Sering karaos patuangan sapertos nu bade babar. Terus bae pupuhu rombongan teh paparentah supaya rombongan eureun di dinya sarta nyieun sasaungan pikeun Nyi Putri reureuh, jeung bisi enya deuih Nyi Putri babar di dinya.

Mantri pupuhu rombongan paparentah deui, supaya ngadegkeun wawangunan anu tohaga. Sabab Ki Mantri ningali galagat Nyi Putri, kana bakal lami reureuhna di dinya. Pikeun nyieun eta wawangunan tea, loba tangkal kai anu rubuh ditaluaran, anu ku urang wetan mah disebutna “tumbang”. Eta tempat dingaranan bae Panumbangan. Kiwari jadi ngaran kacamatan di Ciamis kulon.

Henteu lepat tina panyangka sadayana, teu lami ti harita Nyi Putri ngalahirkeun. Orokna kembar sapasang: istri-pameget. Anu mimiti medal teh orok anu pameget, anu matak dianggap bae rakana. Ari anu istri, dianggap raina. Ari balina dilebetkeun kana pendil sarta dikubur di handapeun tangkal kai, kai badag sarta dahanna ngarampidak.

Saparantos Nyi Putri salirana jagjag, rombongan neruskeun deui lalampahanana, ngajugjug ka Kawali, puseur dayeuh Pajajaran. Sababaraha poe ti harita rombongan geus tepi. Nyi Putri dibageakeun ku ibu ramana, dibarung ku kabungah anu taya hinggana. Komo deui ieu mulihna bari nyandak murangkalih, kembar sapasang anu kasep jeung geulis, estu mulus sarta taya kuciwana.

Nyi Putri nyaritakeun lalampahanana, Ti kawit angkat ti Majapahit dugi ka babarna di Panumbangan. Mung eta murangkalih anu dua tea, teu acan dipaparin jenengan. Saparantos dietang sagala rupina, eta dua murangkalih dipaparin jenengan ku eyangna, nyaeta Raja Pajajaran. Anu pameget jenenganana Bongbang Rarang, ari anu istri jenenganana Bongbang Kancana.

Eta murangkalih dirorok ku eyangna, kitu deui ibuna, Kencana Rarang. Anjeunna henteu mulih deui ka carogena di Majapahit, nyaeta ka Sang Prabu Brawijaya tea. Dua murangkalih teh morontod pisan. Beuki gede teh beuki tembong cahayana. Bongbang Rarang kasep lir Dewa Kamajaya. Bongbang Kancana geulis lir Dewi Ratih. Kacida pisan dipikanyaahna ku nu jadi eyang, kawantu putu ti putra istri kameumeut.
Tapi nepi ka umurna nincak rumaja, eta barudak teh henteu nyahoeun bapa lantaran kacida dibunianana ku akina. Kitu deui sakabeh pangeusi karaton, diwanti-wanti ulah aya anu nyaritakeun bapana eta barudak anu aya di Majapahit. Lain ku nanaon, akina kacida risina, sieun incu anu kacida dipikanyaahna, indit nepungan bapana di Majapahit, sasatna mah lunta ti Karajaan Pajajaran.

Bongbang Rarang jeung Bongbang Kancana panasaran hayang nyaho bapana anu saestu. Unggal nanyakeun ka sing saha bae, jawabanana sarua, bapana teh Raja Pajajaran. Eta jawaban henteu nyugemakeun hatena. Sabab ibuna ka Raja Pajajaran teh nyebat Ama, meureun ka maranehna teh perenah incu. Bongbang Rarang jeung Bongbang Kancana beuki gede teh beuki tambah panasaran bae.

Nepi ka hiji mangsa mah, eta dua budak teh ngadesek hiji emban, emban kapercayaan ibuna ti bubudak supaya ngabejakeun bapana anu sajati. Ku lantaran terus diguliksek, ditanya ku duaan meh unggal usik. Ahirna eta emban teh eleh deet. Pok bae atuh ngomong halon, “Rama Raden teh anu saleresna mah Sang Prabu Brawijaya Raja Majapahit.”

Ayeuna Bongbang Rarang nyahoeun bapana. Tangtu we eta hal teh matak kaget Sang Raja. Ditanya saha anu mere nyaho, Bongbang Rarang, kitu deui Bongbang Kancana, henteu daek betus lantaran inget kana jangjina, moal ngabejakeun jalma anu mere nyahona. Ngan ti harita Bongbang Rarang terus ngurihit, sangkan akina ngidinan pikeun indit ka Majapahit. Tapi Raja Pajajaran henteu ngidinan bae, lantaran melang bisi kuma onam di jalanna.

Ahirna dina hiji peuting jemplang-jempling, Bongbang Rarang ngalolos ti karaton, niatna geus gilig rek indit ka Majapahit, nepungan bapana anu jadi raja di Majapahit. Isukna, sapangeusi karaton ibur, Bongbang Rarang teu aya di karaton. Bur-ber anu nareangan ka ditu ka dieu. Weleh anu diteanganana henteu kapanggih, leungit lir anu diteureuy ku poekna bumi.

Kocapkeun adina, Bongbang Kancana, sanggeus nyaho nu jadi lanceuk ngalolos, rerencepan nyusul ngalolos ti karaton. Henteu lila oge Bongbang Rarang kasusul, lantaran samemehna geus pasini jangji, tepung di hiji tempat anu dirusiahkeun. Terus atuh duanana neruskeun lalampahan, maksudna rek ngajugjug ka Majapahit, nepungan bapana anu jadi raja di ditu.
Barang nepi ka hiji tempat, anu kiwari katelah Panumbangan tea, Bongbang Larang kacida hanaangna. Kokotetengan neangan cai ka ditu ka dieu, weleh henteu manggih. Breh bae ningali pendil handapeun tangkal, ditingali ku Bongbang Larang aya caian, caina herang ngagenclang bangun tiis. Matak uruy nu keur meujeuhna hanaang.

Henteu diengkekeun deui, cai dina pendil teh ditot
or nepi ka beak. Teuing kumaha mimitina, pendil milepas. Blus teh asup kana sirah Bongbang Larang. Sirah Bongbang Larang seret beuheung, katutupan ku pendil anu dijieunna tina beusi. Dicoba dilaan, malah ku duaan, hese pisan. Ti dinya Bongbang Larang indit, leumpangna ditungtun ku Bongbang Kancana, maksudna rek menta tulung ka nu lian.

Sakur jalma anu dipentaan tulung, euweuh anu bisaeun ngalaan eta pendil. Ti dinya aya jalma anu ngabejaan, sangkan Bongbang Larang dibawa ka dukun, dukun kaceluk sakti, ngaranna Aki Garahang. Barang tepung jeung Aki Garahang, barabat atuh Bongbang Kancana nyaritakeun lalampahanana ti awal nepi ka ahir. Ditetek taya nu kaliwat.

Sanggeus ngadenge caritaan Bongbang Kancana, pok Aki Garahang ngomong antare.

“Eta teh pangajaran keur hidep duaan, yen sagala kalakuan anu henteu diidinan ku kolot, sok matak aya balukarna anu henteu ngeunah. Jeung deuih, Ujang, Nyai, ari nginum notor tina pendil teh kalakuan anu teu hade.”

Aki Garahang karunyaeun ka Bongbang Larang. Pokna, “Keun sugan bisa urang akalan ku Aki.”

Sup Aki Garahang ka kamarna, metakeun tatali paranti ngukus ka karuhun. Aki Garahang sidakep sinuku tunggal, neneda pituduh ka Hyang Widi. Aki Garahang meunang ilapat, yen eta pendil kudu dibeulah ku kujang pusaka. Aki Garahang nyokot kujang pusaka, pek dikadekkeun kana pendil beusi. Teu sakara-kara, pendil bencar sapada harita.

Bongbang Larang jeung Bongbang Kancana dititah nganjrek heula di dinya, ulah wara neruskeun lalampahanana. Eta dua rumaja teh nurut ka Aki Garahang. Dina hiji poe, Aki Garahang rek iinditan. Samemeh Aki Garahang indit papadon heula, sangkan Bongbang Larang Bongbang Kancana ulah wani-wani ulin ka Cipangbuangan. Ari Cibangbuangan teh mangrupa talaga, anu caina canembrang herang.
Abong nonoman keur meujeuhna belekesenteng, dicaram teh lain nurut tapi kalah ka panasaran. Bongbang Larang jeung Bongbang Kancana siga anu ngahajakeun ulin ka Cibangbuangan. Breh ningali cai talaga anu sakitu herangna. Jorojoy bae lanceukna aya karep hayang kokojayan. Teu loba carita, gebrus Bongbang Larang ancrub, terus kokojayan bangun nu ngeunaheun naker. Bongbang Kancana kabitaeun, brus ka talaga. Duaan arulin kokojayan sukan-sukan dina cai.

Lila-lila dina saluar awak eta dua nonoman barijil bulu belang koneng jeung hideung. Janggelek bae duanana jadi maung. Maung lodaya jalu jeung bikang. Barang duanana saladar kana eta kajadian, terus silihrangkul bari ceurik paungku-ungku. Duanana kaduhung geus ngarempak larangan. Tapi kaduhung ti pandeuri mah taya gunana.

Dua maung kajajaden teh balik deui nepi ka pangajrekanana di imah Aki Garahang. Aki Garahang geus nyampak deui di dinya. Ges teg bae eta maung teh maung kajajaden, Bongbang Larang jeung Bongbang Kancana, anu geus ngadon mandi di Cipangbuangan. Pok Aki Garahang ngomong bari dareuda, “Ayeuna mah Aki henteu bisa nulungan lantaran hidep duaan geus ngarempak larangan jeung henteu nurut kana papatah kolot.”

Dua maung kajajaden teu panjang tatanya. Sanggeus amitan ka Aki Garahang, duanana neruskeun deui lalampahanana. Barang meuntas di Walungan Cimuntur, duanana ampir-ampiran keuna ku ajal lantaran kajiret ku akar oyong. Sanggeus leupas tina eta bahaya, Bongbang Larang kabawa palid ku Walungan Cimuntur anu caina tarik.

Bongbang Larang kabawa palid ka hilir, terus kasedot asup kana gawul tataheunan, nyaeta tangkal kawung anu dibobok tengahna, tataheunan paranti ngala lauk di walungan. Untungna bae ditulungan ku hiji patani. Bongbang Larang katut gawulna, dihanjatkeun ka darat ku eta patani. Tuluy eta gawul teh dibeulah ku kampak. Sakali dua kali, nepi ka puluhan kalian, tapi gawul teh teu daek beulah bae.

Ku lantaran geus ngarasa taak, Bongbang Larang dibawa ka Raja Panjalu anu harita mah linggihna di Dayeuhluhur. Bongbang Kancana ngiclik di tukangeunana. Srog ka payuneun Raja Panjalu, barabat eta dua maung teh nyaritakeun lalampahanana ti awal nepi ka ahir. Raja Panjalu kacida pisan karunyaeunana. Gawul dilaan tina awak Bongbang Larang, molonyon siga anu babarieun pisan.
Minangka mulang tarimana ka Raja Panjalu, Bongbang Larang jeung Bongbang Kancana jangji moal ngaganggu ka turunan Panjalu iwal anu ngalampahkeun tilu perkara. Kahiji, anu nginum ditotor tina pendil. Kadua, anu melak tangkal oyong. Katilu, anu nyieun gawul tina kawung bari henteu dibeulah heula. Eta jangji maung kajajaden teh dikuatan ku jampe pamake Raja Panjalu.

Ti di
nya eta dua maung kakajaden teh neruskeun deui lalampahannana, nyorang leuweung-leuweung geledegan, mipir-mipir pasir, mapay-mapay jungkrang, ngaraas teuing sabaraha walungan. Ahirna anjog bae ka Karajaan Majapahit, maksudna rek nepungan bapana.

Barang srog ka lawang saketeng karaton, gulang-gulang anu ngajaga lawang pahibut bari nyangking pakarangna. Lantaran disampeurkeun ku maung, maung sadua-dua jeung galede deuih. Tuluy bae atuh maung teh pada ngepung. Gancang dihuit ku Bongbang Larang. Anu ngarepung karaget tingraringeuh, mireungeuh aya maung bisa cacarita.

Bongbang Larang nyaritakeun, saenyana manehna duaan teh putra Raja Majapahit, Sang Prabu Brawijaya, ti Putri Kencana Rarang ti Pajajaran. Geus kitu mah, eta dua maung teh dianteurkeun ka jero karaton, ngadeuheus ka Sang Prabu Brawijaya anu harita nuju aya di paseban, ngempel sareng abdi-abdi karaton.

Sang Prabu Brawijaya kaget manahna nampi dua tatamu aneh anu ngadeuheus. Barabat atuh Bongbang Larang nyaritakeun lalakonna ti mimiti ngalolos ti Pajajaran, robah wujudna jadi maung di perjalanan, tug dugi ka ayeuna aya di payuneun ramana. Ngadangu kitu, Sang Prabu ngagabrug. Dua maung kembar teh digalentoran, nyacapkeun kasono ka nu nembe tepang. Tapi ku lantaran ayeuna mah geus beda, wujudna geus robah jadi maung lodaya, pok bae Sang Prabu Brawijaya sasauran.

“Ujang, Nyai, sanajan ayeuna geus robah, tapi taya bayana pikeun nyieun kahadean, taya salahna pikeun meunang kabagjaan.”

Bongbang Larang ditimbalan jadi raja di sakuliah leuweung Majapahit. Ari Bongbang Kancana ditimbalan jadi ratu di sakuliah leuweung Pajajaran.

Ceuk sakaol, sataun sakali unggal Mulud, eta dua maung sok ngahajakeun papendak. Ari tempatna matuh di Panjalu. Nya ti harita deuih aya pacaduan pikeun sakabeh turunan Panjalu, nyaeta teu meunang notor cai tina pendil, teu meunang melak oyong, jeung teu meunang nyieun kuluwung tina kawung anu henteu dibeulah heula.

0 komentar:

 
Design by Free WordPress Themes | Bloggerized by Lasantha - Premium Blogger Themes | Lady Gaga, Salman Khan