Senin, 30 April 2012

"Dua hal yang membangkitkan ketakjuban saya : langit bertaburkan bintang di atas dan alam semesta yang penuh hikmah di dalamnya". (Einstein)

Sabtu, 28 April 2012

"Pengetahuan tidaklah cukup, maka kita harus mengamalkannya. Niat tidaklah cukup, maka kita harus melakukannya..." (Johann Wolfgang von Goethe)

Rabu, 25 April 2012

"Agama sejati adalah hidup yang sesungguhnya – hidup dengan seluruh jiwa seseorang, dengan seluruh kebaikan dan kebajikan seseorang". (Einstein)

Selasa, 24 April 2012

"Apa yang saya saksikan di Alam adalah sebuah tatanan agung yang tidak dapat kita pahami dengan sangat tidak menyeluruh, dan hal itu sudah semestinya menjadikan seseorang yang senantiasa berpikir dilingkupi perasaan rendah hati." (Einstein)

Senin, 23 April 2012

"Apabila di dalam diri seseorang masih ada rasa malu dan takut untuk berbuat suatu kebaikan, maka jaminan bagi orang tersebut adalah tidak akan bertemunya ia dengan kemajuan selangkah pun". (Bung Karno)

Minggu, 22 April 2012

"Bahagia bukan berarti segalanya sempurna. Bahagia adalah ketika kamu memutuskan tuk melihat segala sesuatu secara sempurna..."

Sabtu, 21 April 2012

“Keyakinan merupakan suatu pengetahuan di dalam hati, jauh tak terjangkau oleh bukti” (Kahlil Gibran, Pujangga)
"Waktu kamu lahir, kamu menangis dan orang-orang di sekelilingmu tersenyum.
Jalanilah hidupmu sehingga pada waktu kamu meninggal, kamu tersenyum dan orang-orang di sekelilingmu menangis..."

Rabu, 18 April 2012

"Banyak kegagalan dalam hidup ini dikarenakan orang-orang tidak menyadari betapa dekatnya mereka dengan keberhasilan saat mereka menyerah. – Thomas Alva Edison..."

Sajarah Basa Sunda



Teu aya maksad anu sanes ti sim kuring midangkeun ieu sajarah basa sunda sangkan urang imeut kana sajarah basana sorangan, ngahaja meunang mulungan, meunang ngorehan sugan jeung sugan aya mangpaatna keur urang sarerea,

Basa sunda nu aya ayeuna teh mangrupa hasil tina kamekaran sapanjang masa, basa sunda terus robah sangkan bisa ngigelan jaman. Robahna teh salilana luyu je
ung robahna kabudayaan sunda, anu nampa rupa rupa pangaruh tina kabudayaan deungeun. Basa sunda kungsi meunang pangaruh tina budaya jeung agama hindu, budaya jeung agama islam, budaya jawa (mataram) jeung budaya barat, eta pangaruh teh saterusna di olah nurutkeun kapribadian urang sunda dipake geusan mekarkeun kabudayaan sorangan.
Dina gurat badagna galuring sajarah basa sunda teh bisa diringkeskeun kieu :
1. Sajarah basa sunda mangsa I (samemeh taun 1600 masehi)
Nepi ka taun 1600 masehi, basa sunda teh mangrupa basa nagara di karajaan salakanagara, galuh, kawali, sunda jeung pajajaran. Dina ieu mangsa basa sunda kaasupan ku basa sansakerta saperti anu katembong dina prasasti titinngal purnawarman, malah aksarana oge make aksara pallawa. Basa sunda alam harita dipake dina widang kanagaraan, kasenian jeung kahirupan sapopoe, loba kitab suci anu ditulis dina basa sunda sarta ngagunakeun aksara sunda (kuna) saperti siksa kanda ng karesian, carita parahiyangan, darmasiksa jeung guru talapakan. Geura titenan basa sunda nu dipake alam harita, boh nu aya dina prasasti boh nu aya dina karya sastrana :

Prasasti ciaruteun, titinggal purnawarman
"Jayaviclasya tarumendrasya hastinah airavabhasya vibhatidam padadavayam"
hartina : ieu (tapak) dua sampean airawata anu gagah perkasa, gajah inguan pangawasa taruma nu mawa kadigjayaan

Prasasti pasirmuara, cibungbulang titinggal karajaan sunda
"ini sabdakalanda rakryan juru pengambat I kawihadji panca pasagi marsandeca barpulihkan hadji sunda"
hartina : ieu teh ucapan rekeyan juru pengambat dina taun saka 458 nu netelakeun yen pamarentahan daerah dipulihkeun ku raja sunda

Prasasti astana gede titinggal karajaan sunda di kawali
“nihan tapa kawali nu sanghiyang mulia tapa bhagya parebu raja wastu mangadeg dikuta kawali nu mahayuna kadatuan surawisesa nu marigi sakuriling dayeuh nu najur sgala desa. Aya ma nu pandeuri pakena gawe rahayu pakeun heubeul
hartina : ieu nu tapa di kawali teh nyaeta tapana nu mulya lir dewa. Gusti nu bagja, raja wastu nu ngereh di kota kawali, nu parantos mapaes karaton surawisesa nu ngadamel kakalen sakuriling dayeuh, nu nyantosa sakuliah wewengkon, muga-muga kapayuna aya nu kersa midamel kasaean sangkan punjul sajagat.
2. Sajarah basa sunda mangsa II (1600-1800 masehi)
Basa sunda dina mangsa ieu geus kapangaruhan ku basa arab jeung basa jawa, basa arab asupna kana basa sunda teh ngaliwatan pasantren, ari basa jawa asupna kana basa sunda teh ngaliwatan padaleman (pamarentahan). Harita di tatar sunda geus jlug jleg pasantren, umumna ajengan nu ngadegkeun pasantren di urang teh kungsi masantren di wetan jadi salian ngasupkeun basa arab kana basa sunda pasantren oge milu ngasupkeun basa jawa deuih nya diantarana ngaliwatan pasantren deuih asupna wawacan jeung sarupaning upacarana teh. Kitu deui widang pamarentahan, harita tatar sunda ka ereh ku mataram, para gegeden sunda (dalem) sataun sakali kudu seba ka dayeuh mataram, tara sakeudeung sakeudeung didituna teh, balikna maw adat cara kadaleman jawa, nya mangsa harita mimiti asupna undak usuk basa kana basa sunda teh nu mangrupa pangaruh tina basa jawa (contono dina naskah wawacan sulanjana).

3. Sajarah basa sunda mangsa III (1800-1900 masehi)
Dina ieu mangsa, basa sunda mimiti kaasupan ku basa walanda, ngaliwatan para bupati jeung pagawe walanda, memang harita mah wewengkon sunda teh geus aya dina genggeman pamarentah hindia walanda, nya harita medalna buku basa sunda anu ditulis ku aksara laten teh basa sunda mimiti dijadikeun ulikan bangsa deungeun utamana bangsa walanda, salian ti eta basa sunda oge mimiti kaasupan basa malayu deuih. Harita aya katangtuan ti bangsa walanda sangkan bangsa pribumi, kaasup urang sunda kudu ngagunakeun basa malayu minangka lingu –francana (contona aya dina wawacan panji wulung 1876).
4. Sajarah basa sunda mangsa IV (1900-1945)
Dina ieu mangsa, sakola-sakola beuki rea, basa sunda terus digunakeun sarta diajarkeun disakola-sakola para panalungtik basa sunda beuki loba deuih boh bangsa deungeun boh urang sundana sorangan, beuki tembong bae pangaruh basa walanda kana basa sunda teh nepi ka harita mah teu saeutik urang sunda nu nyaritana direumbeuy ku basa walanda, utamana kaom palajar, basa sunda pacampur jeung basa arab, jawa, malayu jeung walanda dipake dina widang atikan jeung kabudayaan pikeun nuliskeunana geus prah make aksara laten. Dina ieu mangsa, medal pustakamangsa dina basa sunda saperti papaes nonoman (1915), pasoendan (1917), poesaka soenda (1923) jeung sipatahoenan (1923).

5. Sajarah basa sunda mangsa V (1945-kiwari)
Mangsa ti taun 1945 nepi ka kiwari sok disebut oge mangsa sabada perang, basa sunda dipake dina kahirupan sapopoe, pustakamangsa, kabudayaan jeung buku-buku atawa kapustakaan. Mangsa ieu basa sunda loba kapangaruhanana ku basa indonesia, dina istilah-istilah basa kosta memeh asup kana basa sunda teh umumna ngaliwatan heula basa indonesia, utamana nu dipake ku masarakat kota, nepi ka aya istilah sunda kamalayon geuning, nyaeta basa sunda anu kapangaruhan ku basa malayu (indonesia).

Ceuk inohong sunda jeung para ahli, basa sunda nu ayeuna pasti bakal robah dimangsa jaga, nu ngarobahna tangtuna oge urang sunda keneh, robahna basa sunda nu ngindung ka waktu ngabapa ka kajaman teh moal matak lewang ngawariskeunana ka turunan urang engkena asal robahna eta basa teh tetep aya dina pangriksa jeung pangraksa LBSS.

SAJARAH SINGGET KABUPATEN TASIKMALAYA



Nurutkeun prasasti Geger
Hanjuang nu kapanggih di
suku gunung Galunggung, hari
jadi kota Tasikmalaya teh
tanggal 21 Agustus taun 1111
Masehi.

Dina abad ka-8 nepi ka-12, di
Tasikmalaya teh aya
pamarentahan dina wangun
kabataraan. Pusat
pamarentahanana di Tawang
atawa Galunggung.

Anu kungsi
jadi batara waktu harita teh
nya eta Sang Batara Sempak
Waja, Batara Kuncung Putih,
Batara Kawindu, Wastu Hayu,
Hyang Ratu Galunggung.

Pamarentahan kabataraan
robah jadi karajaan
Galunggung. Nu jadi rajana
nya eta Batari Hyang
Galunggung, Rakean
dermasiksa, Ratu Saunggalah
Prabu Ragasuci, Sang
Lumahing Taman, Ratu Galung
Sakti, Ratu Sembah Golek, Ratu
panyongsongan, Sang
Lumahing Gunung Raja.

Saterusna dina abd ka 15-nepi
ka abad ka-16, pamarentahan
di Tasikmalaya teh mangrupa
bagian tina karajaan
pajajaran. Pusat
pamarentahanana di
Sukakerta. Rata-rajana nu
kungsi marentah di antarana:
Sri Gading Antek, Dalem
Sukakerta atawa Dalem
Barayuda, Lembujaya atawa
Dalem Santawaon, Entol
Wiraha, jeung Wirawangsa.

Dina mangsa panjajahan
Walanda, kurang leuwih taun
1641, ngadeg pamarentahan
Kabupaten Sukapura. Ibu
kotana di Leuwiloa. Nu
marentah panghelana nya eta
Bupati Ki Ngabehi Wirawangsa.
Diteruskeun ku J Manggala,
Anggadipa, Subamanggala,
Sacapati, Jaya Anggadireja,
Jaya Manggala II, Anggadipa II,
R.T. Suryalaga, Anggadipa II.

Ibu kota Kabupaten Sukapura
kungsi ngalaman pindah ti
Leuwiloa ka Empang di
Sukaraja, saterusna pindah ka
Manonjaya. Dina tanggal 1
Oktober 1901 ibukota
kabupaten Sukapura di
Manonjaya pindah ka
Tasikmalaya. Sanggeus di
Tasikmalaya, ngaran
kabupaten Sukapura diganti
jadi Kabupaten Tasikmalaya
nepi kaayeuna.

Kiwari kabupaten Tasikmalaya
dibagi dua, nyaeta
pamarentahan kabupaten
Tasikmalaya jeung kota
Tasikmalaya. Kabupaten mah
dipimpin ku bupati,
sedengkeun kota mah dipimpin
ku walikota.

Sasakala Situ Paténggang



CINTA mibanda kakuatan nu rohaka. Cinta, merelukeun perjoangan jeung pangorbanan, kalayan disorang ku haté nu ihlas. Najan dipisahkeun ku anggangna tempat, tapi ku cinta mah mo burung jauh dijugjug anggang ditéang.

Ki Santang jeung Déwi Rengganis, nu ngawiru cinta munggaran. Hiji mangsa manggih cocoba, kudu paturay paanggang tineung. Sanaos kitu, ari ati papada ati mah teu weléh cumantél. Peureum kadeuleu, beunta karasa. Anu ahirna ngajurung duanana pikeun maluruh laratan séwang-séwangan. Déwi Rengganis maluruh laratan Ki Santang, pon pilalagi sabalikna. Patéangan-téangan, tug dugi ka nyaliksik ka tepis wiring.

Cunduk waktu, ninggang mangsa, antukna Déwi Rengganis sareng ki Santang teu burung patepung lawung paamprok jonghok di hiji tempat kalayan disaksian ku hiji batu gedé, anu kiwari katelahna Batu Cinta.

“Jungjunan buah ati di pawenangan, nyanggakeun raga katineung anu ngancik dina asmara. Jisim abdi téh parantos apruk-aprukan maluruh laratan salira, nanging ihlas, rido, dugi ka ayeuna urang tiasa patepang dibarung haté kebek kabagjaan…” kitu saur Déwi Rengganis.

“Deudeuh teuing, geulis. Akang ogé apan salami ieu téh lumampah tanpa tujuan, éstuning nuturkeun indung suku téh sanés bobohongan. Demi anu diseja, taya deui iwal ti patepang sareng salira. Kiwari akang kacida bungahna, bungah kagiri-giri wiréh urang patepung di ieu tempat…” waler Ki Santang.
Déwi Rengganis sareng Ki Santang silih cacapkeun kasono di luhur batu gedé, batu cinta. Salajengna Ki Santang ngedalkeun pamaksudanana pikeun nyandingkeun Déwi Rengganis. Tangtos baé Déwi Rengganis henteu nampik, sasat tos jadi cita-citana ti kapungkur. Kilang kitu, Déwi Rengganis aya panuhun ka Ki Santang.

Manawi teu kaabotan, jisim abdi téh gaduh kahoyong…”

“Mangga, geulis. Hoyong naon baé, moal burung ditarékahan, pikeun ngabuktikeun cinta akang ka salira…”

“Duh… jungjunan buah haté, jisim abdi téh hoyong dipangdamelkeun situ sareng parahuna, kanggo urang duaan lalayaran…”

“Situ?”

“Sumuhun, jungjunan…”

“Sumangga, ku akang dipangdamelkeun…”

“Akang Ihlas?”

“Tangtos baé, geulis. Bujeng hingga ukur situ, dalah dipiwarang ngadamel laut ogé, tangtos akang bakal narékahan sakamampuh akang…”

“Hatur nuhun, akang…”

Kocap Ki Santang anu katelah mibanda kasaktian, langsung ngetrukeun sakur pangabisana. Ki Santang nénjrag lelemah dibarung ku kakuatan anu rohaka. Bumi inggeung, sarta cai nyusu ngaburial. Cai nyusu ngeueum éta patempatan tug dugi ka jadi situ. Teu hilap, Ki Santang ogé ngadamel parahu, kanggo lalayaran.

Sabada Ki Santang tiasa nohonan pamundut Déwi Rengganis, tangtos baé Déwi Rengganis ogé henteu sulaya kana jangjina. Ki Santang sareng Déwi Rengganis maheutkeun jangji, meungkeut cinta ku pertikahan.
Kiwari Situ Paténggang kakoncara minangka salahsahiji tujuan wisata Jawa Barat. Naha bet katelah Paténggang? Taya nu terang sacara pasti, da anu écés mah kawitna tina paténgan. Maksad Paténgan téh nyandak tina lalampahan Ki Santang sareng Déwi Rengganis anu silih téangan atanapi patéangan-téangan.

Demi parahu anu didamel ku Ki Santang téa kiwari ngajanggélék jadi hiji pulo anu perenahna di satengahing situ. Éta pulo téh kiwari dinamian Pulo Asmara. Tangtos nyandak tina asal muasal parahu, anu dianggo ngumbar asmara ku Déwi Rengganis sareng Ki Santang.

Dumasar tina éta lagénda, kiwari tumuwuh kapercayaan atanapi mitos di sabagéan masarakat. Utama mah aya nu gaduh pamadegan, yén sing saha baé anu nuju papacangan, bakal lana hubunganana, pami lalayaran di Situ Paténggang. Ku ayana éta mitos, seueur anu wisata ka Situ Paténggang téh disarengan ku bébénéna séwang-séwangan.
NGAHATURNUHUN KA/TERIMAKASIH PADA: www.facebook.com/CANGEHGAR.carita.ngeunah.dan.segar

Mundinglaya di Kusumah



Aya hiji nagara, nagara subur ma’mur kartaraharja, gemah ripah lohjinawi, katelahna Pajajaran. Ari Raja Pajajaran harita anu nelah Prabu Siliwangi, raja adil paramarta tur dipikanyaah ku rahayatna. Permaisurina nya eta Padmawati.

Permaisuri teh keur kakandungan. Anjeunna nyiram palay buah honje. Terus bae nitah lengser pikeun neangan honje. Teu ku hanteu, harita teh di Pajajaran kacida hesena manggihan honje. Atuh kapaksa Lengser mapay-mapay nagara neangan honje.

Sanggeus lila neneangan, ahirna lengser teh manggih hiji tangkal honje. Tapi pikeun meunangkeunana kudu parebut heula jeung Lengser Nagara Muara Beres. Manehna oge sarua deuih keur neneangan honje pikeun permaisuri Muara Beres nu keur nyiram. Dua Lengser parebut honje, nepi ka galunganana. Gelutna euweuh nu eleh euweuh nu meunang, sabab sarua bedas jeung saktina. Duanana ngalungsar nahnay bakating ku cape. Antukan buah honje teh dibagi dua. Sabeulah keur permaisuri Pajajaran, nu sabeulah deui keur permaisuri Muara Beres.

Sanggeus datang mangsana, permaisuri Pajajaran ngalahirkeun budak lalaki, dingaranan Mundinglaya di Kusumah. Ari permaisuri Muara Beres ngalahirkeun budak awewe, dingaranan Dewi Asri. Geus ditangtukeun ku Dewata, eta dua budak teh bakal ngajodo.
Kocapkeun Mungdinglaya teh geus gede, geus jadi pamuda anu gagah tur sakti. Hiji peuting Padmawati nempo Lalayang Salaka Domas di Jabaning Langit. Mundinglaya dititah nyokot eta Lalayang Salaka Domas. Tapi samemehna kudu ka Muara Beres heula neang pipamajikaneunana, nyaeta Dewi Asri.

Mundinglaya indit ti Pajajaran dibarengan ku Gelap Nyawang jeung Patih Kidang Pananjung. Barang nepi ka Muara Beres, harita keur aya dina kaayaan teu aman. Muara Beres dikepung ku raja-raja salawe nagara, pedah lamaranana ditolak ku Dewi Asri. Raja salawe nagara hiji-hiji diperangan ku Mundinglaya. Antukna kabeh taluk.

Ti Muara Beres, Mundinglaya indit neangan Lalayang Salaka Domas. Ari eta Lalayang Salaka Domas teh anu Guriang Tujuh. Barang datang ka Jabaning Langit, atuh der bae perang. Mundinglaya dihurup ku Yaksa Maruta, Jonggrang Kalapitung, jeung Guriang Tujuh. Ahirna Mundinglaya unggul sarta bisa mawa Lalayang Salaka Domas.

Ti dinya mah terus bae atuh Mundinglaya teh mulang ka Jabaning Langit. Lalayang Salaka Domas dipasrahkeun ka bapana. Mundinglaya kawin jeung Dewi Asri. Teu lila ti harita Mundinglaya di Kusumah jeneng raja di Pajajaran.

Tina Pangajaran Sastra Sunda, Karya Budi Rahayu Tamsyah
  haturnyhun ka/terimakasih pada: www.facebook.com/CANGEHGAR.carita.ngeunah.dan.segar

Sembah Dalem Arya Kopak



Dina hiji pasir nu ngaranna Gunung Kopak." Aya hiji makam karamat nu katelah "Sembah Dalem Arya Kopak", disebut ogé "Embah Mahal". Ari riwayatna kieu.

Carék ujaring carita.

Jaman distrik Nagara kabawah ka kabupatén Sukapura di distrik nagara beulah Kalér anu kawengku ku Désa Panyindangan ayeuna. Aya dua jalma utusan Bupati Pasir panjang anu jujuluk Radén Adipati Aria.Wiradadaha alias Dalem Sawidak, anu ngaran Aria Kopak.

Tugasna nyaéta kudu nalingakeun kaamanan katengtreman daérah distrik Nagara beulah Kalér. Babarengan jeung saurang deui anu ngaran Puspadikiria.

Kacaritakeun di daérah éta dina jaman harita, éstuning sepi paling towong rampog, éstuning sepi tingtrim tiis dingin paripurna aman santosa rahayatna. Jalma-jalmana jongjon tarani, jongjon ngaharuma, éstuning teu aya barabedana naon-naon.

Diantara rahayat di daérah éta, aya jalma nu ngaran Ki Maryasim anu kaasup kana jagoan, hayang nyoba kana kakawasaan Aria Kopak téa.
Dina hiji poé manéhna indit ka tegal, nyokot munding tatanggana, nu ngaran Ki Irnasik. Tuluy éta munding dibawa ka hiji tempat, dicangcang disumputkeun. Pasosoré tatanggana téa néangan munding angonannana. Manéhna pohara ngagebeg sabab mundingna teu aya jeung tambangna, ngan aya tutunggulna wungkul. Atuh ibur salelembur éar sajajagat ceuk paribasana, hares omong manan goong. Cuw-cew pabéja-béja cenah munding Ki Irnasik aya nu maling.

Nu boga munding téa terus lapor ka Aria Kopak, anjeunna ngahuleng sakedap pok sasauran.

"Munding téh teu leungit, tapi aya nu nyumputkeun dihiji tegal leutik nu dikuriling ku leuweung. Jelemana urang dieu, ngaranna Ki Maryasim. Jung geura téang buktikeun!"

Atuh Ki Irnasik téh cedok nyembah pok unjukan.

"Jisim abdi permios, badé ngabuktoskeun kasauran Gamparan!"

"Heug Jung geura indit, Ki Maryasim giringkeun kadieu!"

Saterusna Ki Irnasik dibarengan ku sababaraha urang baturna indit ka tegal leutik sakumaha panuduhan Arya Kopak téa. Ari pék téh enya waé nyata sakumaha panuduhan Arya Kopak téa, munding téh aya didinya. Atuh terus cangcangannana dilaan, sarta terus ditungtun dibawa ka Ki Arya Kopak. Saméméh nepi ka nu dituju, Ki Irnasik jeung batur-baturna nyampeur heula Ki Maryasim sina ngadeuheus ka. Arya Kopak.
Sadatangna Ki Irnasik jeung cedok nyembah pok unjukan.

"Gamparan! leres pisan sakumaha kasauran téa, munding téh aya di tegal leutik, ayeuna ka bantun ku abdi."

"Mana ayeuna Ki Maryasim?" Saur Arya Kopak ka Ki Irnasik.

"Itu di buruan ngantosan, ké badé disaur heula." Jawab Ki Irnasik.

Terus Ki Irnasik ka Ki Maryasim ngabéjaan supaya ngadeuheus ka Arya Kopak. Sadatangna manéhna pok tumaros.

"Badé aya pikersaeun naon Gamparan nyaur abdi?"

"Kula téh kadatangan Ki Irnasik anu laporan ka Kula, mundingna leungit. Sanggeus ku Kula dipeleng, anu boga pagawéan téh manéh, naha manéh rumasa geus nyumputkeun munding Ki Irnasik?" Saur AryaKopak.

Ki Maryasim reup geuneuk ray pias bari ngadégég, pok ngajawab.

"Gamparan, abdi teu rumaos teu pisan-pisan ngabantun munding pun Irnasik, abdi mah teu mios ka mana-mana, aya waé di rorompok."
"Kula teu percaya kana katerangan andika, tangtu andika ngabohong ka Kaula!" Saur Arya Kopak.

"Sadaya-daya Gamparan badé nuding ka abdi, mung abdi badé nyuhungkeun saksina, anu nganyatakeun leres-leres abdi tos maling munding!" Jawab Ki Maryasim.

Ki Arya Kopak mindel manahna margi teu tiasa ngabuktoskeun saksi anu nganyatakeun yén Ki Maryasim maling munding. Ampir Ki Arya Kopak kadesek ku Ki Maryasim. Saurna.

"Ayeuna mah Kula can bisa ngabuktikeun, tapi hiji waktu ku Kula rék dibuktikeun. Jug ayeuna mah geura balik!"

Ki Maryasim teu genah haté dituding maling munding, sedengkeun saksi teu aya. Atuh manéhna ngageremet hayang nyilakakeun Ki Arya. Kopak. Terus manéhna indit ngajugjug Sukapura, lapor ka Bupati Pasirpanjang. Ngabéjakeun yén manéhna dituding maling munding ku Ki Arya Kopak, sedengkeun saksi teu aya.

Kanjeng Bupati éngal miwarang utusan ngangkir Arya Kopak kudu datang ka Sukapura. Ki Arya Kopak saparantos nampi panyaur, lajeng anjeunna nyaur tutunggangannana anu mangrupa maung lodaya nu pohara gedéna. Keclak ditunggangan, gaur-gaur handaruan, bérébét maung lodaya, lumpat sakalumpat-lampet, tarik manan mimis bedil lepas manan kuda lumpat ngajugjug ka Sukapura. Sadatangna ka alun-alun Sukapura, maung lodaya téa dicangcang dina akar caringin payuneun gedong kabupatén.
Atuh guyur salelembur éar sajajagat!

Masyarakat dayeuh Sukapura géhgér sarta geumpeur. Nini-nini, aki-aki, ting balecir bari wérwér kiih. Barudak pating kocéak nguping sora mating anu ngagerem di alun-alun. Gancang panto-panto imahna. ditarulakkan.

Ki Arya Kopak lajeng ngadeuheusan ka kanjeng Bupati Pasirpanjang alias Raden Adipati Aria Wiradadaha. Saparantos uluk salam, kanjeng Bupati pok sasauran.

"Syukur Ki Arya Kopak datang ka dieu. Aya masalah anu perlu dibéréskeun sagancang-gancangna!"

"Badé aya pikersaeun naon dampal gusti?" Ki Arya Kopak tumaros.

Dawuh kanjeng Bupati.

"Kieu Arya Kopak, aya jalma nu ngalaporkeun ka Kula, cenah andika geus nuding maling ka inyana. Sedengkeun saksi anu nguatan. éta panuding teu aya. Bener kitu?"
"Leres pisan Kaulanun, Tina hasil pamelang jisim abdi, leres éta jalma anu malingna!"

"Ah. ulah waka percaya kitu waé, kapan kudu aya saksi anu kuat. Cing ayeuna ku Kula rék dicoba."

"Upas kadieu!" Kanjeng Bupati nyaur Upas, Upas éngal ngadeuheus. Pok ngomong.

"ieu buah nangka nu dihareup, anu geus asak ala bawa kadieu. Ieu keur nyuguhan tamu!"

"Unjuk sumangga, gusti!" cedok nyembah bari terus ngaléos.

Sembah Mahal

Teu sabaraha lilana geus kurunyung datang bari terus nyanggakeun nangka téa. Terus upas permisi ka kanjeng Bupati.

Kanjeng Bupati mayun ka Ki Arya Kopak, pok sasauran.

"Ki Arya, ieu Kula boga nangka asak, cik pangneguhkeun sabaraha sikina?"

"Dawuh gusti, abdi teu tiasa neguh. Nu uninga iwal ti nu Maha Kawasa," sanggém Ki Arya Kopak.

"Lamun kitu, geuning Ki Arya bisa norah nu maling munding. Atuh meureun ukur dikira-kira, nya!"
"Teu pisan-pisan gusti, abdi ukur nginten-nginten éta mah leres-leres hasil pelengan sim abdi, Kaulanun!"

"Ah teu bisa jadi," saur Bupati, "cing coba buktikeun kabisa andika!"

Kumargi Arya Kopak kadesek, pok mihatur.

"Gusti, saéna mah éta jalmi anu lapor ka gusti, sina kadieu ku abdi badé dibuktoskeun."

"Heug!" Saur Bupati. Teras maréntah Upas supaya ngajagragkeun Ki Maryasim. Saparantos hadir, lajeng Bupati sasauran.

"Cing coba buktikeun hasil pelengan andika téh."

Pok Arya Kopak ngalahir.

"Ieu nangka téh sikina mung hiji-hijina, sarta éta sikina kudu mecat keuna ka nu maling munding!"

Naa... éta mah anéh bin ajaib!
Ari beletuk téh nangka téa bitu, sarta sikina ngagéblag mecat, jebet neumbag kana dadana Ki Maryasim téa nepi ka ngagéblag nangkarak. Mengkaning siki nangka téh gedéna sagedé Congo bitis.

Sartabener sikina téh ngan hiji-hijina.

Atuh kanjeng Bupati téh ngagebeg, pok sasauran.

"Aduh pohara ajaibna ieu kajadian téh! Naha enya manéh Maryasim rumasa maling munding sarta disumputkeun ku manéh?

" Ki Maryasim bari ngadégdég.

"Sadaya-daya gusti, abdi rumaos parantos ngabantun sareng nyumputkeun munding pun Irnasik. Pamugi kersa ngahapunten kana kalepatan abdi, gusti!"

"Teu bisa dihampura, manéh géus mitnah jelema. Manéh géus ngagujrudkeun. Manéh kudu dipenjara!"

Bupati mayun ka Arya Kopak.

"Ki Arya, andika sanés jalma joré-joré, andika jalma, Sakti. Kulantaran kitu élmu teu aya di jalma lian, ku Kaula andika dibéré gelar: Sembah Mahal. Sabab élmu andika bener-bener mahal, nu séjén euweuh,.nu boga."

"Haturnuhun gusti kana sagala kumia ti dampal gusti, sareng Sim abdi badé supata, nyaéta:

Ti hilir semet Gudabig,

ti girang semet Gunung Meungpeuk,

moal aya paling moal aya rampog,

lamun aya nu wani-wani ngalanggar,

pasti bakal jadi babandan."
Ki Arya Kopak dilélér ganjaran mangrupi anggoan, artos sareng bekel keur di jalan. Saparantos permisi kéclak tumpak maung lodaya, blur dilumpatkeun rék mulih deui ka tempat tugasna di distrik Nagara beulah Kalér
.
Saparantos anjeuna dipundut rahayu, dicandak ku nu Kawasa, dikuburkeun dipuncak Gunung nu katelah Gunung Kopak. Sarta jenenganana ka mashur “ Sembah Dalem Arya Kopak, alias Sembah Mahal”

Tug nepi kakiwari di daérah nu kasebut diluhur can pernah aya rampog atawa bangsat gedé. Lamun aya bangsat nu kaitung rada gedé wani-wani liwat ka daérah éta, pasti ka tangkep ku nu berwajib.

Jeung deui, siki nagka téa dicandak ku arya kopak, lajeng sikina dipeulakeun dileubatkeun padumukan anjeuna.

Disusun ku: Warjita, saparakanca.
haturnuhun satuacana/terimakasih pada: www.facebook.com/CANGEHGAR.carita.ngeunah.dan.segar    

Karajaan Sunda


Karajaan Sunda (669-1579 M), numutkeun naskah Wangsakerta mangrupa karajaan nu ngadeg ngaganti Tarumanagara nu kabagi dua jeung 'kembaranana', Galuh. Karajaan Sunda diadegkeun ku Tarusbawa taun 591 Caka Sunda (669 M).

Masih numutkeun Naskah Wangsakerta, Karajaan Sunda oge ngawengku wilayah anu kiwari jadi Provinsi Lampung sanggeus putri Karajaan Lampung nikah jeung putera mahkota Karajaan Sunda. Lampung dipisahkeun ti bagéan karajaan Sunda nu di pulo Jawa ku Selat Sunda.

Sajarah

Saméméh ngadeg salaku karajaan anu mandiri, Sunda téh mangrupa bawahan Tarumanagara. Raja Tarumanagara nu panungtung, Sri Maharaja Linggawarman Atmahariwangsa Panunggalan Tirthabumi (maréntah ukur tilu taun, 666-669 M), kawin ka Déwi Ganggasari ti Indraprahasta. Ti Ganggasari, anjeunna gaduh dua putra, duanana awéwé. Déwi Manasih, cikalna, kawin ka Tarusbawa ti Sunda, sedengkeun nu kadua, Sobakancana, kawin ka Dapuntahyang Sri Jayanasa, nu salajengna ngadegkeun karajaan Sriwijaya.

Nalika Linggawarman pupus, kakawasaan Tarumanagara ragrag ka minantuna, Tarusbawa. Hal ieu ngabalukarkeun pangawasa Galuh, Wretikandayun (612-702) baruntak, ngaleupaskeun diri ti Tarumanagara, sarta ngadegkeun Galuh nu mandiri.

Ti pihak Tarumanagara sorangan, Tarusbawa ogé teu hayang neruskeun karajaan Tarumanagara. Tarusbawa lajeng mindahkeun kakawasaanana ka Sunda, sedengkeun Tarumanagara dirobah jadi bawahanana. Anjeunna diwastu/dijenengkeun raja Sunda dina poé Radite Pon, 9 Suklapaksa, bulan Yista, taun 519 Saka (kira 18 Méi 669 M). Sunda jeung Galuh ieu sapuk, yén wates karajaanana téh nyaéta walungan Citarum (Sunda di béh kulon, Galuh di béh wétan).
2. Karajaan kembar

Putra Tarusbawa nu cikal, Rarkyan Sundasambawa, pupus anom kénéh, ninggalkeun hiji putra istri, Nay Sekarkancana. Putuna ieu lajeng ditikah ku Rahyang Sanjaya ti Galuh, dugi ka gaduh putra hiji, Rahyang Tamperan.

Nalika Tarusbawa pupus (723), kakawasaan Sunda ragrag ka Sanjaya, nu dina taun éta ogé hasil ngarebut kakawasaan Galuh ti Rahyang Purbasora (nu ngarebut kakawasaan Galuh ti ramana, Bratasenawa/Rahyang Séna). Ku kituna, dina leungeun Sanjaya, Sunda jeung Galuh ngahiji deui.

Pikeun neruskeun kakawasaan ramana nu nikah ka putri raja Keling (Kalingga), taun 732 Sanjaya masrahkeun kakawasaan Sunda-Galuh ka putrana, Tamperan. Di Keling, Sanjaya nyepeng kakawasaan salila 22 taun (732-754), nu lajeng diganti ku putrana ti Déwi Sudiwara, Rarkyan Panangkaran.

Rahyang Tamperan ngawasa Sunda-Galuh salila tujuh taun (732-739), lajeng ngabagi kakawasaan ka dua putrana: Sang Manarah (dina carita rahayat disebut Ciung Wanara) di Galuh sarta Sang Banga (Hariang Banga) di Sunda. Sang Banga (Prabhu Kertabhuwana Yasawiguna Hajimulya) jadi raja salila 27 taun (739-766), tapi ngawasa Sundana mah ti taun 759.

Ti Déwi Kancanasari, turunan Demunawan ti Saunggalah, Sang Banga gaduh putra, ngaranna Rarkyan Medang, nu salajengna neruskeun kakawasaanana di Sunda salila 17 taun (766-783) maké gelar Prabhu Hulukujang. 
Kusabab putrana istri, Rakryan Medang ngawariskeun kakawasaanana ka minantuna, Rakryan Hujungkulon atawa Prabhu Gilingwesi (ti Galuh, putra Sang Mansiri), nu ngawasa Sunda salila 12 taun (783-795). Kusabab Rakryan Hujungkulon ieu ogé putraan istri, mangka kakawasaan Sunda lajeng ragrag ka minantuna, Rakryan Diwus (gelar Prabu Pucukbhumi Dharmeswara) nu ngawasa salila 24 taun (795-819).

Ti Rakryan Diwus, kakawasaan Sunda ragrag ka putrana, Rakryan Wuwus, nu nikah ka putrana Sang Welengan (raja Galuh, 806-813). Kakawasaan Galuh ogé ragrag ka anjeunna nalika dahuanana, Sang Prabhu Linggabhumi (813-842), pupus. Kakawasaan Sunda-Galuh dicepeng ku Rakryan Wuwus (kalawan gelar Prabhu Gajahkulon) dugi ka pupusna taun 891.

Sapupusna Rakryan Wuwus, kakawasaan Sunda-Galuh ragrag ka adi beuteungna ti Galuh, Arya Kadatwan. Ngan, kusabab teu dipikaresep ku para pangagung ti Sunda, anjeunna ditelasan (895), sedengkeun kakawasaanana diturunkeun ka putrana, Rakryan Windusakti. Kakawasaan ieu lajeng diturunkeun ka putra cikalna, Rakryan Kamuninggading (913).

Rakryan Kamuninggading ngawasa Sunda-Galuh ukur tilu taun, sabab lajeng direbut ku adina, Rakryan Jayagiri (916). Rakryan Jayagiri ngawasa salila 28 taun, lajeng diwariskeun ka minantuna, Rakryan Watuagung, taun 942. Neruskeun dendam kolotna, Rakryan Watuagung direbut kakawasaanana ku alona (putra Kamuninggading), Sang Limburkancana (954-964).

Ti Limburkancana, kakawasaan Sunda-Galuh diwariskeun ka putra cikalna, Rakryan Sundasambawa (964-973). Ku sabab teu gaduh putra, ti Sundasambawa kakawasaan téh ragrag ka adi beuteungna, Rakryan Jayagiri (973-989).
 
Rakryan Jayagiri ngawariskeun kakawasaanana ka putrana, Rakryan Gendang (989-1012), diteraskeun ku putuna, Prabhu Déwasanghyang (1012-1019). Ti Déwasanghyang, kakawasaan diwariskeun ka putrana, lajeng ka putuna nu ngadamel prasasti Cibadak, Sri Jayabhupati (1030-1042). Sri Jayabhupati téh minantuna Dharmawangsa Teguh ti Jawa, mitoha raja Érlangga (1019-1042).

Ti Sri Jayabhupati, kakawasaan diwariskeun ka putrana, Dharmaraja (1042-1064), lajeng ku incu minantuna, Prabhu Langlangbhumi ((1064-1154). Prabu Langlangbhumi diteraskeun ku putrana, Rakryan Jayagiri (1154-1156), lajeng ku putuna, Prabhu Dharmakusuma (1156-1175).

Ti Prabu Dharmakusuma, kakawasaan Sunda-Galuh diwariskeun ka purtana, Prabhu Guru Dharmasiksa, nu maréntah salila 122 taun (1175-1297). Dharmasiksa mingpin Sunda-Galuh ti Saunggalah salila 12 taun, tapi lajeng mindahkeun puseur pamaréntahanana ka Pakuan Pajajaran, balik deui ka tempat munggaran karuhunna (Tarusbawa) mingpin karajaan Sunda.

Sapupusna Dharmasiksa, kakawasaan Sunda-Galuh turun ka putrana nu cikal, Rakryan Saunggalah (Prabhu Ragasuci), nu ngawasa salila genep taun (1297-1303). Prabhu Ragasuci lajeng digentos ku putrana, Prabhu Citraganda, nu ngawasa salila dalapan taun (1303-1311), lajeng ku turunanana deui, Prabu Linggadéwata (1311-1333).

Kusabab putrana istri, Linggadéwata nurunkeun kakawasaanana ka minantuna, Prabu Ajiguna Linggawisésa (1333-1340), lajeng ka Prabu Ragamulya Luhurprabawa (1340-1350). 
Ti Prabu Ragamulya, kakawasaan diwariskeun ka putrana, Prabu Maharaja Linggabuanawisésa (1350-1357), nu dina panungtung kakawasaanana perlaya di Bubat (baca Perang Bubat). Kusabab nalika kajadian di Bubat, putrana -- Niskalawastukancana -- alit kénéh, kakawasaan Sunda saheulaanan dicepeng k Patih Mangkubumi Sang Prabu Bunisora (1357-1371).

Sapupusna Prabu Bunisora, kakawasaan balik deui ka putrana Linggabuana, Niskalawastukancana, nu lajeng ngawasa salila 104 taun (1371-1475). Ti istri nu kahiji, Nay Ratna Sarkati, anjeunna gaduh putra Sang Haliwungan (Prabu Susuktunggal), nu dipasihan kakawasaan bawahan di wewengkon kuloneun Citarum (wewengkon asal Sunda).

Prabu Susuktunggal nu ngawasa ti Pakuan Pajajaran, ngaropéa puseur pamaréntahan ieu ku ngadegkeun karaton Sri Bima Punta Narayana Madura Suradipati. Pamaréntahanana kawilang lila (1382-1482), sabab geus dimimitian nalika ramana ngawasa kénéh di wewengkon wétan.

Ti Nay Ratna Mayangsari, istrina nu kadua, anjeunna gaduh putra Ningratkancana (Prabu Déwaniskala), nu neruskeun kakawasaan ramana di wewengkon Galuh (1475-1482).

Susuktunggal jeung Ningratkancana ngahijikeun ahli warisna ku nikahkeun Jayadéwata (putra Ningratkancana) ka Ambetkasih (putra Susuktunggal). Taun 1482, kakawasaan Sunda jeung Galuh dihijikeun deui ku Jayadéwata (gelarna Sri Baduga Maharaja).

Sapupusna Jayadéwata, kakawasaan Sunda-Galuh turun ka putrana, Prabu Surawisésa (1521-1535), lajeng Prabu Déwatabuanawisésa (1535-1543), Prabu Sakti (1543-1551), Prabu Nilakéndra (1551-1567), sarta Prabu Ragamulya atawa Prabu Suryakancana (1567-1579).

Prabu Suryakancana ieu mangrupakeun pamingpin karajaan Sunda-Galuh anu pamungkas, sabab sanggeus sababaraha kali ditarajang ku pasukan ti Kasultanan Banten, dina taun 1579 mah serangan ti Banten téh nepi ka ngaruntagkeun kakawasaanana.
 
Raja-raja Karajaan Sunda

Di handap ieu runtuyan raja-raja nu kungsi mingpin Karajaan Sunda numutkeun naskah Pangéran Wangsakerta (mangsa kawasa dina Maséhi):

Tarusbawa (minantu Linggawarman, 669 - 723)
Harisdarma, atawa Sanjaya (minantu Tarusbawa, 723 - 732)
Tamperan Barmawijaya (732 - 739)
Rakeyan Banga (739 - 766)
Rakeyan Medang Prabu Hulukujang (766 - 783)
Prabu Gilingwesi (minantu Rakeyan Medang Prabu Hulukujang, 783 - 795)
Pucukbumi Darmeswara (minantu Prabu Gilingwesi, 795 - 819)
Rakeyan Wuwus Prabu Gajah Kulon (819 - 891)
Prabu Darmaraksa (adi beuteung Rakeyan Wuwus, 891 - 895)
Windusakti Prabu Déwageng (895 - 913)
Rakeyan Kamuning Gading Prabu Pucukwesi (913 - 916)
Rakeyan Jayagiri (minantu Rakeyan Kamuning Gading, 916 - 942)
Atmayadarma Hariwangsa (942 - 954)
Limbur Kancana (putra Rakeyan Kamuning Gading, 954 - 964)
Munding Ganawirya (964 - 973)
Rakeyan Wulung Gadung (973 - 989)
Brajawisésa (989 - 1012)
Déwa Sanghyang (1012 - 1019)
Sanghyang Ageng (1019 - 1030)
Sri Jayabupati (Detya Maharaja, 1030 - 1042)
Darmaraja (Sang Mokténg Winduraja, 1042 - 1065)
Langlangbumi (Sang Mokténg Kerta, 1065 - 1155)
Rakeyan Jayagiri Prabu Ménakluhur (1155 - 1157)
Darmakusuma (Sang Mokténg Winduraja, 1157 - 1175)
Darmasiksa Prabu Sanghyang Wisnu (1175 - 1297)
Ragasuci (Sang Mokténg Taman, 1297 - 1303)
Citraganda (Sang Mokténg Tanjung, 1303 - 1311)
Prabu Linggadéwata (1311-1333)
Prabu Ajiguna Linggawisésa (1333-1340)
Prabu Ragamulya Luhurprabawa (1340-1350)
Prabu Maharaja Linggabuanawisésa (nu perlaya dina Perang Bubat, 1350-1357)
Prabu Bunisora (1357-1371)
Prabu Niskalawastukancana (1371-1475)
Prabu Susuktunggal (1475-1482)
Jayadéwata (Sri Baduga Maharaja, 1482-1521)
Prabu Surawisésa (1521-1535)
Prabu Déwatabuanawisésa (1535-1543)
Prabu Sakti (1543-1551)
Prabu Nilakéndra (1551-1567)
Prabu Ragamulya atawa Prabu Suryakancana (1567-1579)
Hubungan jeung Éropah

Karajaan Sunda geus lila boga hubungan dagang jeung bangsa-bangsa lian kaasup bangsa Éropah. Karajaan Sunda ogé malah pernah ngalakukeun hubungan politik jeung bangsa Portugis.

Dina taun 1522, karajaan Sunda nandatangan pajangjian Sunda-Portugis anu dina pajangjian éta téh Portugis dibeunangkeun ngawangun bénténg di palabuan Sunda Kalapa. Sabagé bayaranna, Portugis dikudukeun mantuan karajaan Sunda dina nyanghareupan serangan ti Demak sarta Cirebon nu karek misahkeun diri ti karajaan Sunda.

Rujukan

Aca. 1968. Carita Parahiyangan: naskah titilar karuhun urang Sunda abad ka-16 Maséhi. Yayasan Kabudayaan Nusalarang, Bandung.

Ayatrohaédi. 2005. Sundakala: cuplikan sejarah Sunda berdasarkan naskah-naskah "Panitia Wangsakerta" dari Cirebon. Pustaka Jaya, Jakarta.

Édi S. Ékajati. 2005. Polemik Naskah Pangeran Wangsakerta. Pustaka Jaya, Jakarta. ISBN 979-419-329-1

Yoséph Iskandar. 1997. Sejarah Jawa Barat: yuganing rajakawasa. Geger Sunten, Bandung.
ngahaturkeun nuhun/terimakasih pada: http://www.facebook.com/CANGEHGAR.carita.ngeunah.dan.segar

Lutung Kasarung Versi Kuningan


CAI nu ngamalir pasusul-susul ti Gunung Cireme, ngagolontor nuturkeun arula-arilena leuwi luyu reujeung tekstur (kaayaan) gunung nu mingkin mudun. Ti cigowong (1250 – 1600 mdpl), cai aya nu mengkol ka sababaraha leuwi jeung nu leungit atawa nyerep ka jeuro taneuh. Engkena jaradi sungapan, boh di wewengkon tepis wiring Ciremena atawa di pilemburan.

Cai nu mengk
ol diantarana ngamalir ka curug bangkong Kacamatan Darma, cilengkrang Desa Pajambon Kacamatan Karamatmulya. Reujeung ka curug ciputri nu perenahna di bumi perkemahan palutungan Desa Malaraman Kacamatan Cigugur. Dumasar data LSM Akar, eta tilu curug debit caina panggedena di tepis wiring Gunung Cirema beulah kidul. Ngan hanjakal kiwari rada turun debitna.

Taun 1997 debit caina masih keneh 1.500 liter kubik perdetik. Taun 2003 turun jadi 700 liter kubik perdetik sedengkeun kiwari anjlok nepi ka 400 liter kubik perdetik. Turuna debit cai aya sababaraha alesan, diantarana leuweung tutupan di lelewek panguyangan badak jeung cigowong geus tumpur alatan dibukbak. Sedengkeun pihak taman nasional Gunung Cireme (TNGC) teu ngaku aya karusakan leuweung.

Eta tilu curug, mibanda kapunjulan sewang-sewangan tina jihad pariwisata jeung mitosna. Sacara pisik oge teu sarua. Siga curug bangkong luhurna kurang leuwih 50 meteran, cilengkrang aya dua curug nu hiji luhurna 75 meter jeung hijina deui 60-an. Dilebah goangna, ka luar cai panas. Antara cai panas jeung nu tiis teu ngahiji. Sedengkeun curug ciputri kurang leuwih 65 meter.

Anu rada unik ti tilu curug, ngan curug ciputri nu mibanda mitos atawa legenda rada onjoy ti nu sejena. Curug ciputri dipercaya ku masarakat sabudeureunana kawas di Desa Malaraman, Cisantana jeung Puncak baheulana aya pakuat-pakait jeung Karajaan Pasir Batang. Ceuk legenda, eta karajaan kungsi ngadeg di wewengkon Kuningan mangsa taun 2.000 samemeh masehi (SM). 
Karajaan Pasir Batang nu dirajaan ku Prabu Tapa Ageung kasurah dina Carita Lutung Kasarung. Eta karajaan ayana dumasar carita rahayat di Desa Gunungsari Kacamatan Darma, Sagarahyang, Jambar, Tinggar, Ciherang kaerah ka Kacamatan Nusaherang. Maranehanana percaya lantaran di lelewek eta aya ngarana pasir batang, pasir anjun lebak cilutung.

Samalah di Desa Sagarah
yang kungsi ditimukeun kapak batu ku Sahidin salah saurang warga di eta lelewek. Dumasar catetan Kantor Suaka Serang nu ngokolakeun arkeologi, kampak batuna kungsi hirup di jaman kira-kira 2.000 SM. Pon kitu deui patung lingga yoni nu nuduhkeun tempat ibadah agama Hindu-Budha. “Pikeun ngabuktikeunana yen Karajaan Pasir Batang kungsi ngadeg di Kuningan kudu aya panalungtikan nu leuwih gemet,” tandes Sahidin.

“Pakuat pakaitna curug ciputri jeung legenda lutung kasarung. Pedah baheulana curug ciputri dianggap tempat ngebakna putri Purbasari. Salah saurang putri Raja Tapa Ageung satutasna dipetenah ku lanceuk-lanceukna nyaeta Purbalarang, Purbaleuwih, Purbaendah, Purbakasih jeung Purbakancana,” ceuk M. Subhan salah saurang patugas bumi perkemahan palutungan nu dikokolakeun ku Kantor Pemangkuan Hutan (KPH) Perhutani Regional III Bandung.

Subhan ngadadarkeun pamanggihna, eta oge dumasar caritaan urang lembur. Da dirina mah lain pituin urang dinya. Mangsa Purbasari ditundung ti karajaan inyana nganjrek di tempat nu teu pati jauh ti puser karajaan nyaeta Pasir Batang. Jarak antara pasir batang jeung palutung kurang leuwih dalapan kilometerna. Mun dijugjug ti palutungan ka tebeh kidul.

Disebutkeunana palutungan oge lantaran di eta lelewek baheulana tempat katimuna Purbasari jeung lutung. Lutung teh lain salutung-lutungna tapi Sanghyang Guru Minda, salah saurang dewa ti kahyangan nu nyamar jadi lutung. Di eta patempatan pisan, Purbasari jeung Guru Minda ngawangun hiji kakuatan pikeun ngaladenan sikep dilekana lanceuk-lanceukna.
“Curug ciputri baheulana teu kawas kiwari caina rada ngorotan jeung patempatanana endah. Rea tatangkalan pating jalegir sagede-gede beuteung munding. Ari ayeuna mah apanan jadi leuweung produksi nu dipelakan ku kai pines. Curugna oge matak pikabetaheun. Kalingkung ku gawir nangtawing, rea akar nu ngais batu jeung cadas,” ceuk Subhan.

Kuendah-endahna curug ciput
ri, samemehna anak Raja Tapa Ageung sok ngahalnakeun ngadongkang ka eta patempatan kajeun rada anggang. Boh keur pakansi atawa ngadon ngebak (mandi). Keur mah caina herang ngagenyas tur karasana tiis pisan. Mun ngebak teh matak poho kana waktu. Kawasna eta salah sahiji alesan, dipercayana curug ciputri tempatna para putri ngebak.

“Memang taya patilasan nu nuduhkeun curug ciputri tempat mandina putri-putrina Raja Tapa Ageung. Dina ayana oge pasti geus burakrakan mangsa Cireme bitu kira-kira taun 1856-an. Tapi mun dilakukeun eskavasi tangtuna bakal kapanggih. Ngan merelukeun waktu lila lantaran tekstur taneuhna nanjak mudun. Tapi keun bae eta mah lain urusan kuring, tapi ahlina,” pokna.

Subhan oge ngaku, apal caritaan eta lain tina literatur tapi dumasar caritaan masarakat di eta lelewek. Ngan inyana boga angkeuhan mun dilakukeun eskavasi tangtuna nu salila ieu jadi mitos bisa dibuktikeun sacara ilmiah. Kayakinan dirina dumasar pamanggihna salila tugas di Perum Perhutani, hususna di lapangan. Kusabab situs-situs di Kabupaten Kuningan, rata-ratana aya di leuweung produksi milik Perhutani.

Jadi teu munasabah, mun dirina rada taram-taram kana situs da sok ngaroris leuweung milik perhutani nu aya di sabudeureun tepis wiring Gunung Cireme. Pon kitu deui, pasir batang, pasir anjun nu dipercaya ku masarakat Sukasari tempat dipendemna layon kalima putri Raja Tapa Ageung jeung lebak cilutung oge kaereh ka KPH Perhutani Kuningan. Kiwari dikokolakeun ku KPH Perhutani Regional III Bandung tacan diasupkeun kana daptar atawa inventaris TNGC.
“Mun dieskavasi oge, lain hartina ngaruksak leuweung tapi dilakukeun ku cara leuwih hade. Sabab mun salah nangtukeun tempat eskavasi leuweung di tepis wiring Cireme baris ruksak parna. Tumibana lain bae karasa ku masarakat dalah plora jeung paunana oge milu tumpur,” ceuk Subhan miharep.

Iwan, 37 taun, salah saurang warga Desa Cisantana mairan. Dirina masih perc
aya yen tempat-tempat nu disebutkeun ku Subhan mangrupakeun tempat ngadegna Karajaan Pasir Batang. Hartina, carita lutung kasarung mangrupakeun bagean tina sajarah dina kahirupan mangsa harita. Tapi kulantaran rea daerah nu ngaku mibanda eta carita, antukna nu aya di Kuningan mah teu dipirosea.

Kajeun kitu, ceuk Iwan nu ngaku lulusan sarjana sastra Indonesia tapi milih jadi patani jeung ngurus sapi. Aya sababaraha teori nu bisa dijieun patokan pikeun ngaguar hiji sajarah. Diantarana ayana artepak, buku babon atawa literatur jeung dumasar carita rahayat di hiji lelewek atawa folklor. Mun geus aya artepakna kari nalungtik di laboratorium keur mastikeun tauna.

Mun taya artepak atawa riteraturna tapi aya carita rahayat tangtuna bisa dijadikeun bahan dasar keur nalungtik. Pon kitu deui pakuat-pakaitna reujeung curug ciputri. Geus puguh aya folklor, bukti-bukti sajarah nyaeta kampak batu di Sagarahyang jeung ngaran-ngaran tempat nu luyu jeung alam harita. Samalah dina peta Kuningan nu dijieun ku Belanda taun 1889 nyantumkeun ngaran-ngaran nu geus ditataan.

Sajarah singket BANTEN


kiwari mangrupakeun ngaran hiji propinsi di Indonésia nu ayana di pulo Jawa. Propinsi ieu tadina mah mangrupa bagian ti propinsi Jawa Barat, nu dumasar aspirasi masarakat dimekarkeun jadi propinsi mandiri taun 2000. Wilayah Banten ngawengku daérah-daérah nu baheulana mangrupakeun bagian ti wilayah Kasultanan Banten tanpa Lampung jeung Bengkulu, nyaéta Sérang, Lebak, Pandéglang, Cilegon, jeung Tangerang. Puseur dayeuhna di Serang.

Di wewengkon Banten baheula kungsi ngadeg hiji kasultanan dina abad ka-16, diancurkeun ku pamaréntah jajahan Hindia Walanda abad ka-18. Propinsi Banten dibentuk taun 2000.

Banten dina abad ka 5 mangrupa bagian ti Karajaan Tarumanagara. Prasasti titilar Karajaan Tarumanagara nyaéta Prasasti Cidanghiang atawa prasasti Lebak, anu kapanggih di kampung lebak di sisi walungan Cidanghiang, kacamatan Munjul kabupatén Pandeglang. Prasasti ieu kakara kapanggih taun 1947 sarta eusina 2 jajar kalimah ngawangun puisi jeung hurup Pallawa sarta basa Sansekerta. Eusi prasasti kasebut nyaritakeun wawanen raja Purnawarman.

Sanggeus runtagna karajaan Tarumanagara alatan serangan karajaan Sriwijaya, kakawasaan di bagian kulon Pulo Jawa ti Tungtung Kulon nepi ka Kali Ciserayu dituluykeun ku Karajaan Sunda. Dina jaman Karajaan Sunda, Banten jadi salah sahiji palabuan penting Karajaan Sunda. Nurutkeun sumber Portugis, Banten nyaéta salah sahiji palabuan Karajaan Sunda salian ti palabuan Pontang, Cigede, Tamgara (Tangerang), Sunda Kalapa sarta Cimanuk. Nurutkeun naskah Bujangga Manik anu diukir dina daun lontar anu ditunda di perpustakaan Bodleian, Oxford, Inggris, saprak taun 1627, Banten disebut wahanten girang.

Saterusna Islam asup ka wewengkon Banten dina abad 16 nyaéta waktu Kasultanan Demak ngalegakeun pangaruhna ka wewengkon kulon. Dina taun 1524/1525, Sunan Gunung Jati ti Cirebon babarengan jeung pasukan Demak naklukkeun pangawasa palabuan Banten, sarta ngadegkeun Kasultanan Banten anu ngabalad ka Demak.

Banten saterusna asup jadi bagian provinsi Jawa Barat dina taun 1925 sabot Pamaréntah Hindia Walanda nyieun Provinsi Jawa Barat. Dibentukna propinsi éta minangka palaksanaan Bestuurshervormingwet taun 1922, anu ngabagi Hindia Walanda jadi sababaraha provinsi. Saméméh taun 1925, dipaké istilah Soendalanden (Tatar Soenda) atawa Pasoendan, minangka istilah geografi pikeun nyebutkeun bagian ti Pulo Jawa di palebah kulon Walungan Cilosari sarta Citanduy anu kalolobaan dicicingan ku anu ngagunakeun basa Sunda minangka basa indung.
Pamaréntahan Provinsi Banten dijieun dina taun 2000.

Sajarah singket Sumedang Larang


Sumedang Larang nyaeta hiji karajaan Islam nu kungsi ngadeg di Jawa Kulon, Indonésia, nu mangrupakeun bukti sajarah sumebarna agama Islam di Jawa Kulon. Ieu karajaan teu kawentar kawas Demak, Mataram, Banten sarta Cirebon dina pustaka sajarah karajaan-karajaan Islam di Indonésia. Tapi, ayana karajaan ieu mangrupa bukti sajarah anu pohara kuat pangaruhna dina sumebarna Islam di Jawa Kulon sakumaha anu dipigawé ku Karajaan Cirebon sarta Kasultanan Banten.
Karajaan Sumedang Larang (ayeuna Kabupaten Sumedang) nyaeta salah sahiji tina sakitu lobana karajaan Sunda nu aya di propinsi Jawa Barat, Indonesia. Lian ti eta dipikawanoh oge karajaan Sunda sejenna saperti Karajaan Pajajaran nu oge masih aya tumalina nu kacida raketna jeung karajaan saacanna (Karajaan Galuh), ngan ayana karajaan Pajajaran ieu panungtunganana di Pakuan (Bogor) sabab ayana serangan aliansi karajaan-karajaan Cirebon, Banten jeung Demak (Jawa Tengah). Ti saprak harita, Karajaan Sumedang Larang jadi karajaan anu ngabogaan otonomi lega pikeun nangtukeun nasibna sorangan.

Talaga Bagendit


Di wewengkon Garut aya talaga nu ngaranna kawentar ka mana-mana, nya éta Talaga Bagendit. Kacida kajojona téh. Saban poé Ahad tawa poé pakanci raména téh luar biasa. Ti nu deukeut ti nu jauh jelema téh mungguh merul nu rék ngadon sukan-sukan, babakuna lalayaran.

Cék sasakala mah, cék dongéng nu sok didongéngkeun deui, éta Talaga Bagendit asal mua
salna kieu:

Baheula, geus rébuan taun ka tukang, aya hiji randa beunghar katelah Nyi Endit. Ieu téh saenyana mah nénéhna, da ngaranna sajati mah Nyi Bagendit. Manéhna téh kacida pisan kumedna. Geus taya nu bireuk deui kana kakumedanana. Salian ti pakacar-pakacarna mah tara aya nu lar sup ka imahna. Éstuning lain babasan éta mah hirup nyorangan téh. Kajaba ti teu aya nu ngawawuhan, Nyi Endit téh mémang jalma nunggul pinang, geus teu kadang teu warga, hirupna téh éstuning nunggelis. Ari beungharna téa mah tétéla. Béh kebonna béh sawahna, imahna gé panggedéna di salembur éta mah. Turug-turug ngahaja mencilkeun manéh, ngababakan di tengah pasawahan, nu upluk-aplak. Maksudna teu aya lian, ku bawaning embung campur jeung babaturan, da sieun kasoro téa. Teu kitu mah atuh moal disebut medit.

Kacaturkeun keur usum panén. Di ditu di dieu ceuyah anu dibaruat. Ka sawah Nyi Endit gé réa nu gacong. Ari saréngsé dibuat jeung sanggeus paréna di ka leuitkeun, sakumaha tali paranti, Nyi Endit nyieun sedekah ngondang lebé jeung sawatara tatangga. Popolahna saniskara ku sorangan, teu aya nu ngabantuan. Barang geus tarapti, sakur nu mantuan ngakut tuluy diondang, ngariung tumpeng. Atuh nu ngariung téh nepi ka aya ratusna, tapi sadia tumpengna teu sabaraha, nepi ka ngan sakotéap geus bérés bari tingkarétap kénéh.

Keur meujeuhna balakécrakan, solongkrong aya aki-aki bongkok nu nyampeurkeun. Ku pribumi teu ditari teu ditakon, nya pok aki-aki waléh, yén teu kawawa ku lapar, sugan aya sih piwelas. Ana gantawang téh Nyi Endit bet nyarékan, nyéklék-nyéklékkeun, pajarkeun téh taya kaéra, teu ngahutang gawé, ménta bagéan.. Tungtungna nepi ka nundung, aki-aki dititah nyingkah. Cindekna mah geus lain picaritaeun.

Aki-aki indit bari jumarigjeung, bangun teu nangan. Méméh indit manéhna ngomong kieu, “Sagala gé boh ka nu hadé boh ka nu goréng, moal taya wawalesna.”

Ngomongna kitu téh bari kasaksian ku sakur nu aya di dinya.

Saréngséna, nu dalahar tuluy amit rék baralik. Kakara gé pating laléos, rug-reg ngarandeg, sabab aya nu tinggarero: “Caah! Caah! Cenah.

Henteu kanyahoan ti mana datangna cai, ngan leb baé pakarangan Nyi Endit téh geus kakeueum. Atuh kacida ributna, jalma-jalma geus teu inget ka diri batur, asal salamet dirina baé. Nyi Endit gé nya kitu, niat rék nyingkirkeun cai, tapi barang rék kaluar ti imahna, cai téh nepi ka lir ombak laut tinggaruling ka palebah Nyi Endit. Imahna terus kakeueum méh laput.

Nyi Endit angkleung-angkleungan, bari satungtung bisa mah teu weléh-weléh sasambat ménta tulung. Tapi henteu kungsi lila jep baé jempé, sihoréng geus tikerelep. Imahna gé geus teu témbong. Sumawonna sawahna nu upluk-aplak geus aya di dasar cai. Lembur sakuriling bungking geus salin rupa jadi talaga, anu nepi ka ayeuna disebut Talaga Bagendit téa.

Sasakala Gunung Tampomas


Kacaritakeun, Gunung Gedé anu aya di Sumedang ngaluarkeun sora pohara

pikakeueungeunana. Sorana ngaguruh. Tina puncakna kaluar haseup campur


lebu anu hurung. Ieu gunung kawas-kawas arék bitu. Rahayat Kabupatén


Sumedang harita, pohara rareuwaseunana. Kumaha balukarna lamun éta

Gunung Gedé bener-bener bitu?

Teu kacatur saha anu jeneng bupati harita. Ngan éta bupati téh pohara

towéksana ka rahayat, wedi asih sarta bijaksana. Atuh sanajan can kalaporan gé

anjeunna parantos uningaeun, kumaha tagiwurna rahayat. Anjeunna teras

ngémutan sangkan bisa nyalametkeun rahayatna.

Ku pangjurung kanyaah ka rahayat téa, anjeunna teras nyepi di hiji kamar, seja

mujasmédi neda pituduh ti paradéwa. Susuganan ku jalan kitu, anjeunna tiasa

mangadep ka Yang Tunggal, dipasihan pituduh pikeun nyalametkeun rahayatna.

Ku cengeng-cengengna nu mangadep, alhamdulillah, maksad Kangjeng Bupati

tinekanan. Dina hiji wengi, Kangjeng Bupati ngimpén kasumpingan hiji aki-aki.

Éta aki-aki anu nganggo anggoan sing sarwa bodas téh, pok sasauran anca

pisan, “Putu Éyang anu kasép, Éyang geus terang kumaha kabingung hidep.

Éyang hayang mantuan sangkan rahayat hidep bisa leupas tina kahariwangna.

Éta gunung kudu ditumbal ku keris pusaka kagungan putra dalem anu dijieun

tina emas. Poma hidep ulah deuk ngorétkeun. Tah, sakitu baé ti Éyang.”

Sabada sasauran kitu, éta aki-aki téh les baé leungit tina impénan Kangjeng

Bupati. Satampina éta ilapat, énggal baé Kangjeng Bupati kaluar ti kamar sarta

teras nyandak keris pusaka.

Énggal anjeunna angkat ngajugjug ka puncak Gunung Gedé. Rurusuhan da

sieun bitu mantén. Najan rahayat anu keur bingung, nyaksian Kangjeng Bupati

angkat ka puncak gunung mah, teu tégaeun ngantep. Bring baé naluturkeun.

Sadugina ka puncak Gunung Gedé, Kangjeng Bupati teu talangké, ngan lung

baé éta keris téh dialungkeun kana kawahna. Rahayat anu tadi naluturkeun téh

ngan bati colohok, da éta keris téh éstu kageugeut pisan Kangjeng Bupati.

Barang éta keris geus dikana-kawahkeun, jep saharita sora anu ngaguruh

pikakeueungeun téh jempé. Lini anu geus lila karasa, harita mah teu karasa

naon-naon. Sabada leungit kagétna, timbul kabungah rahayat téh. Ger baé surak

bakat ku atoh, sarta tuluy sumujud ka Kangjeng Bupati tanda nganuhunkeun.

Sakabéh rahayat ngaikrarkeun seja satia-satuhu ka anu ngaheuyeuk dayeuh.

Éta maksud kasatiaan rahayat téh ku Kangjeng Bupati ditampi kalayan dareuda,

bakat ku bingah. Bingah manahna lantaran bisa nyingkahkeun balai, bingah

lantaran bisa nyalametkeun rahayatna.

Tah, nya ti harita pisan éta gunung katelah Gunung Tampa Emas, anu saterusna

robah jadi Gunung Tampomas. Ayeuna mah teu pikasieuneun, malah mun

pareng poé peré mah sok rajeun dijarugjugan nepi ka puncakna

Legenda Lauk Kancra di Kaki Gunung Ciremai


Balong Karamat Cigugur pernahna sekitar tilu kilometer ti ibukota Kabupaten Kuningan. Secara geografis, ''balong'' asup ka wilayah Kelurahan Cigugur.

Ceuk beja nu nyambuang jeung dipercaya ku masyarakat setempat, samemeh lahir ngaran Cigugur, tempat eta sok disebut Padara. Ngaranna dicokot tina ngaran hiji tokoh masyarakat, nyaeta Ki Gede Padara, nu b
oga pangaruh kalintang gede di daerah eta.

Ceuk beja Ki Gede Padara lahir samemeh Karajaan Cirebon ngadeg. Ceuk ijiran, tokoh nu jadi cikal bakal masyarakat Cigugur ieu lahir dina abad ka-12 atawa ka-13. Dina waktu eta, sababaraha tokoh nu sajaman jeung manehna geus mimiti bermunculan, di antarana Pangeran Pucuk Umun ti Karajaan Talaga, Pangeran Galuh Cakraningrat ti Karajaan Galuh, jeung Aria Kamuning nu mingpin Karajaan Kuningan.

Numutkeun garis keturunan, kaopat tokoh eta masih keneh katalian hubungan babarayaan. Ngan dina hal pamerentahan, kapercayaan, jeung ajaran au diagemna, maranehna teu sarua. Pangeran Pucuk Umun, Pangeran Galuh Cakraningrat, dan Aria Kamuning ngagem paham aliran ajaran agama Hindu. Sedengkeun Ki Gede Padara henteu ngagem salah sahiji ajaran agama.

Dina abad ka-14 di Cirebon lahir hiji paguron anu alirannana jeung nyiarkeun ajaran agama Islam. Tokoh anu ngadegkeunnana nyaeta Syech Nurdjati. Selain Syech Nurdjati, Sunan Gunungjati oge miboga peran anu gede dina enggoning ngembangkeun perguruan Islam di tanah Caruban.

minangka kuwu mimiti di Dusun Cigugur nu dijenengkeunnana nyaeta Ki Gede Alang-Alang. Dugi ka pupusna, anjeunna dikurebkeun di Kompleks Masjid Agung. Dina waktu kolotna, Ki Gede Padara hayang geura ninggalkeun kahirupan fana. anjeunna hayang teuing dina waktuna tilar dunya sawajarna siga manusa umumna.

beritana kadangueun ku Aria Kamuning, tuluy anjeunna madep ka Syech Syarif Hidayatullah. Ngadangu laporan siga kitu, Syech Syarif Hidayatullah lajeng nepangan Ki Gede Padara. Syech Syarif Hidayatullah ngaraos helok ku elmu pangaweruh nu dipigaduh ku Ki Gede Padara. Dina danget eta Padara ngadugikeun deui nu jadi kahoyongna nyaeta supados dina nalika maotna hoyong nu sawajarna siga batur.

Syech Syarif Hidayatullah lajeng mundut Ki Gede Padara supados ngucapkeun dua kalimah syahadat, keur saratna. Teu talangke deui Ki Gede Padara tuluy ngucapkeun syahadat.Kakara oge sakalimat, teu sakara-kara Ki Gede Padara ilang taya dikieuna.

Satutasna Ki Gede Padara ngaleungit, Syech Sarif Hidayatullah tuluy rek abdas. Hanjakal, di daerah dina hese pisan neangan cai. Ku kalayan idin Allah SWT, anjeunna ngahadirkan bentar gelap nu dituturkeun ku hujan disertai hujan nu langsung ngabaseuhan bumi. Tina kajadian eta, cai hujan nu ngumpul bleg weh jadi hiji balong. Nya eta balong pisan nu nepi ka ayeuna dianggap karamat ku masarakat dinya, komo saeunggeusna dipelakkan lauk kancra bodas. Oge ka lauk-lauk nu sejen nu aya di kolam Darmaloka, Cibulan, Linggarjati, jeung Pasawahan.

Maksudna dikaramatkeun taya lian keur ngalestarikeun tur ngajaga supaya lauk-lauk langka eta henteu punah akibat polah manusa. Aya sawatara hal nu kawilang aheng ngeunaan lauk-lauk nu aya di balong: Jumlahna teu ngurangan atawa nambahan, nandakeun yen lauk-lauk eta tara paraeh atawa aranakan. Komunitas lauk kancra bodas moal manggihan lianti di balong-balong karamat nu aya di Kabupaten Kuningan.

Kaanehan lianna, laukna siga nu akrab jeung jelema. Lamun keur dibedahkeun, laukna ngadak-ngadak laleungitan. Ceuk beja mah laukna parindah ka balong sejen di Kuningan. Wallahhualam.

Sasakala Situ Buleud – Purwakarta


Kacaturkeun dina jaman Bupati R. Aria Suriawinata anu kagungan jujuluk Dalem Solawat aya ogé nu nyubet Dalem Santri, harita jeneng Bupati Kabupatén Purwakarta di Karawang. Ku lantaran Karawang sok mindeng kacaahan sabab katotog ku walungan Citarum, nya puseur dayeuh dipindahkeun ka Wanayasa.

Saenggeus puseur dayeuh pindah ka Wanayasa, Dalem Santri boga maksud p
ikeun mindahkeun deui kabupatén ka belah lebak. Disebut lebak sotéh pédah Wanayasa pernahna aya di luhur, di suku Gunung Burangrang.

Satuluyna Dalem Santri munajat ka Hyang Agung sangkan cita-citana tinekan. Waktu mujasmedi, Dalem Santri meunang ilapat. Saenggalna anjeunna ngageroan cutak, ayeuna mah wadana.

?ta wadana dibéré pancén pikeun néangan tempat anu pantes dijadikeun puseur dayeuh kabupatén. Dina impian dalem yén tempat anu pipanteseun pikeun dijadikeun kabupatén téh nyaéta tempat anu aya kobakan cai sarta tangkal tanjung tilu.

“Mamang Cutak, peuting téh kaula ngimpi, ari dina impian téh urang kabéhanana aya di hiji tempat anu pikabetaheun. Tempatna di belah lebak, aya kobakan cai jeung tangkal tanjung tilu.

Ku kituna, ayeuna kénéh mamang gera miang! Jugjug éta patempatan! Upami geus kapanggih, geuwat lapor ka kaula!” ceuk Dalem Santri harita.

“Unjuk sumangga, kaula nun ayeuna kénéh Mamang seja permios bade milari éta patempatan !”

“Pikeun batur keueung di jalan mah ngajak waé ponggawa duaan!” ceuk Dalem Santri.

Gancangna carita cutak téh indit ka lebak néangan tempat saperti anu dipisaur ku Dalem téa. Kaayaan harita masih kénéh leuweung geledegan. Tangkal kai jeung kakayon séjéna rembet kénéh matak hésé lumangku gagancangan. Komo wates tungtung kulon Wanayasa, sajaba ti rembet ku kakayon téh jalana ogé rumpil. Atuh cutak jeung dua ponggawa téh teu sirikna nété akar-ngeumbing jangkar mapay-mapay jalan pikeun néangan tempat anu cocog jeung impian Dalem.

Saterusna cutak téh nepi ka hiji tempat anu masih keneh leuweung ganggong-sima gonggong. Manéhna ngadadak nyieun heula jalan, ngabukbak leuweung. Teu lila anjog ka hiji tempat anu aya kobakan cai, tempat pangguyangan badak anu jolna ti Simpeureum jeung Cikumpay. Kitu deui di sabudeureun éta kobakan cai téh aya tangkal tanjung tilu persis jeung impian Dalem téa. Cutak atoheun pisan manggih éta patempatan téh, saterusna manéhna ngalaporkeun hal éta ka Dalem. Geus kitu mah Dalem kalayan dibarengan ku cutak ngajugjug ka éta patempatan. Sabada di bébérés éta tempat téh dingaranan Sindangkasih. Sindang hartina eureun heula ari kasih tina kecap asih. Jadi, Sindangkasih téh hartina tempat eureun anu pikaresepeun jeung anu pikaasiheun.

Nurutkeun carita, harita aya hiji lalaki tukang ngalalana nu ngarana Purbasari. ?lmu pangaweruh Purbasari éstu nyongcolang nepi ka kapake ku Dalem dina nguruskeun rupa-rupa pasualan. Kitu deui nalika puseur dayeuh rek dipindahkeun ti Wanayasa ka Sindangkasih, Purbasari dipentés pangabisana pikeun mémérés éta patempatan.

Purbasari dijenengkeun cutak di Sindangkasih ku Dalem Aria Suriawinata. Kaayaan Sindangkasih beuki ramé nu dumuk ngalobaan. Saenggeus ningali kaayaan sarupa kitu, Purbasari indit deui ka belah kalér anu ahirna anjog ka wewengkon Cikampék ayeuna.

Kalungguhan cutak di Sindangkasih diganti ku R. Rangga Natayuda. Ari éta pangguyangan badak téa, ku cutak R. Rangga Natayuda satuluyna dibebenah dipapantes dijadikeun hiji situ. Kitu deui wewengkon disabudeureunana dibébérés. Tempat-tempat anu tadina lungkawing dirarata, nya jleg baé jadi palataran anu kiwari jadi palataran anu kiwari jadi lemah Karesidénan.

Atuh urut pangguyangan badak téa saenggeus dipapantes mah robah jadi hiji situ anu katelah ayeuna Situ Buleud téa, anu kiwari jadi salah sahiji kareueus warga masarakat Kabupatén Purwakarta.

Sasakala Maung Panjalu


Kocapkeun di Karajaan Majapahit, Prabu Brawijaya anu ngaheuyeuk eta nagara keur anteng neuteup bulan purnama. Nginget-nginget kajadian mangsa ka tukang, kajadian anu ngabengkahkeun dua karajaan, Karajaan Majapahit jeung Karajaan Pajajaran. Kajadianana memang geus lila pisan, geus kaliwat sapuluh kitu taun ka tukang. Nyaeta kajadian anu katelah Perang Bubat.

Timbul niat
anu luhung dina manahna. Niat pikeun nyambungkeun deui duduluran anu kungsi kapegat ku rasa ceuceub. Sabab dihenteu-henteu oge, upama dijujut ka puhu mah, Raja Majapahit jeung Raja Pajajaran teh ti karuhunna mah tunggal sakocoran. Carana mah bisa ngaliwatan pertikahan. Kabeneran Prabu Brawijaya lalagasan keneh.

Sang Prabu Brawijaya enggal nyaur Patih. Barabat atuh nyaritakeun pamaksudannana, nyaeta ngalamar putri Karajaan Pajajaran, anu geulis Putri Kencana Rarang. Tujuanana, taya lian pikeun nyambungkeun tali silaturahmi anu kungsi pegat pisan.

“Kasalahan karuhun urang baheula, henteu hade lamun akibatna terus dikukut, sarta henteu perlu diwariskeun ka anak-incu.”

Patih sapuk kana pamaksudan Sang Prabu.

Poe eta keneh Patih tatan-tatan, ngumpulkeun balad sarta nyadiakeun bekel pikeun indit ngajugjug ka Karajaan Pajajaran. Eta rombongan diluluguan ku hiji Mantri. Dina waktu anu geus ditangtukeun, eta rombongan utusan Majapahit teh indit ninggalkeun nagarana maju ngulon. Lalampahan anu henteu gampang lantaran nyorang leuweung geledegan.

Kacaturkeun eta rombongan utusan teh geus tepi bae ka puseur dayeuh Nagara Pajajaran anu perenahna di Dayeuh Kawali. Utusan Majapahit meunang pangbagea anu hade, boh ti rahayat Pajajaran, boh ti Raja Pajajaran. Mantri anu jadi kokolot utusan Majapahit masrahkeun surat ti Prabu Brawijaya anu unggelna seja ngalamar Putri Kencana Rarang bari sakantenan maheutkeun deui tali silaturahmi antara Karajaan Majapahit jeung Pajajaran. 
Raja Pajajaran nampi eta lamaran, ngingetkeun kana niat luhung Raja Majapahit. Ajakan pikeun hirup sauyunan memang kudu ditarima kalawan jembar. Manakomo, Sang Prabu Brawijaya teh yuswana teu sabaraha geseh sareng Nyi Putri. Tumut kana kapalay sepuhna, Nyi Putri oge kersa dipihukum ku Raja Majapahit. Malah harita keneh oge ditangtukeun waktuna. Wanci anu mustari pikeun jatukrami.

Dina waktu anu geus ditangtukeun, Sang Prabu Brawijaya sareng rombonganana angkat ka Pajajaran kanggo rendengan. Sadugina ka Pajajaran, teras bae direndengankeun nyandingkeun kembang Pajajaran Kencana Rarang. Munggah nurub cupu, nu kasep sareng nu geulis. Der atuh ngayakeun pesta kacida ramena. Pesta nagara tujuh poe tujuh peuting. Sagala tatabeuhan ngageder taya reureuhna, lir anu nembongkeun kabungah nyacapkeun kasono.

Sanggeus rengse pesta jeung sukan-sukan, Putri Kencana Rarang dicandak ka Majapahit. Ngiring ka ingkang caroge ngaheuyeuk dayeuh. Rumah tanggana estuning reugreug pageuh, ditilaman ku kanyaah dipupuk ku kadeudeuh. Sawatara bulan ti harita Putri Kencana Rarang wawartos ka carogena yen anjeunna ngandeg. Sang Prabu Brawijaya kalintang suka manahna.

Nalika bobotna bade majeng ka salapan sasih, bet jorojoy we dina manah Nyi Putri aya kapalay nyelang mulih ka Pajajaran, ku margi palay babar di bali geusanna ngajadi, disakaikeun ku ibu ramana katut kadang wargi. Kawitna mah ku Sang Prabu teu kawidian. Komo deui Nyi Putri dina kaayaan bobot, anu ceuk itungan indung beurang mah, moal dugi ka sasasih oge orok baris medal.

Nanging ku margi Nyi Putri keukeuh, sareng nyariosna dibarung ku merebey mili, ahirna mah Sang Prabu teh leah manahna.

“Mangga atuh ari Rai maksa angkat mah. Mung hapunten, Engkang teu tiasa ngajajapkeun, ku margi nuju pameng mayunan nagara,” saur Sang Prabu Brawijaya. Anjeunna ngutus hiji Mantri kapetengan, kanggo ngajajapkeun Nyi Putri ka Pajajaran.

Sanggeus bekel katut para pangiringna sadia, bring atuh rombongan Putri Kencana Rarang angkat ti Majapahit seja ngajugjug ka Pajajaran. Angkat nyacat nyorang leuweung geledegan, mipir-mipir pasir mapay-mapay jungkrang. Nyi Putri angkatna ditandu kana joli. Diaping ku Mantri katut para ponggawa. Sanaos kedah nyorang jalan rarumpil, Nyi Putri katingal paromanna bear marahmay, kumargi bade tepang sareng ibu ramana.
Sanggeus sababaraha puluh poe lumampah, rombongan Nyi Putri anjog ka hiji tempat di suku Gunung Sawal, kuloneun Ciamis ayeuna. Nyi Putri ngaraos nahnay sareng lalesu. Sering karaos patuangan sapertos nu bade babar. Terus bae pupuhu rombongan teh paparentah supaya rombongan eureun di dinya sarta nyieun sasaungan pikeun Nyi Putri reureuh, jeung bisi enya deuih Nyi Putri babar di dinya.

Mantri pupuhu rombongan paparentah deui, supaya ngadegkeun wawangunan anu tohaga. Sabab Ki Mantri ningali galagat Nyi Putri, kana bakal lami reureuhna di dinya. Pikeun nyieun eta wawangunan tea, loba tangkal kai anu rubuh ditaluaran, anu ku urang wetan mah disebutna “tumbang”. Eta tempat dingaranan bae Panumbangan. Kiwari jadi ngaran kacamatan di Ciamis kulon.

Henteu lepat tina panyangka sadayana, teu lami ti harita Nyi Putri ngalahirkeun. Orokna kembar sapasang: istri-pameget. Anu mimiti medal teh orok anu pameget, anu matak dianggap bae rakana. Ari anu istri, dianggap raina. Ari balina dilebetkeun kana pendil sarta dikubur di handapeun tangkal kai, kai badag sarta dahanna ngarampidak.

Saparantos Nyi Putri salirana jagjag, rombongan neruskeun deui lalampahanana, ngajugjug ka Kawali, puseur dayeuh Pajajaran. Sababaraha poe ti harita rombongan geus tepi. Nyi Putri dibageakeun ku ibu ramana, dibarung ku kabungah anu taya hinggana. Komo deui ieu mulihna bari nyandak murangkalih, kembar sapasang anu kasep jeung geulis, estu mulus sarta taya kuciwana.

Nyi Putri nyaritakeun lalampahanana, Ti kawit angkat ti Majapahit dugi ka babarna di Panumbangan. Mung eta murangkalih anu dua tea, teu acan dipaparin jenengan. Saparantos dietang sagala rupina, eta dua murangkalih dipaparin jenengan ku eyangna, nyaeta Raja Pajajaran. Anu pameget jenenganana Bongbang Rarang, ari anu istri jenenganana Bongbang Kancana.

Eta murangkalih dirorok ku eyangna, kitu deui ibuna, Kencana Rarang. Anjeunna henteu mulih deui ka carogena di Majapahit, nyaeta ka Sang Prabu Brawijaya tea. Dua murangkalih teh morontod pisan. Beuki gede teh beuki tembong cahayana. Bongbang Rarang kasep lir Dewa Kamajaya. Bongbang Kancana geulis lir Dewi Ratih. Kacida pisan dipikanyaahna ku nu jadi eyang, kawantu putu ti putra istri kameumeut.
Tapi nepi ka umurna nincak rumaja, eta barudak teh henteu nyahoeun bapa lantaran kacida dibunianana ku akina. Kitu deui sakabeh pangeusi karaton, diwanti-wanti ulah aya anu nyaritakeun bapana eta barudak anu aya di Majapahit. Lain ku nanaon, akina kacida risina, sieun incu anu kacida dipikanyaahna, indit nepungan bapana di Majapahit, sasatna mah lunta ti Karajaan Pajajaran.

Bongbang Rarang jeung Bongbang Kancana panasaran hayang nyaho bapana anu saestu. Unggal nanyakeun ka sing saha bae, jawabanana sarua, bapana teh Raja Pajajaran. Eta jawaban henteu nyugemakeun hatena. Sabab ibuna ka Raja Pajajaran teh nyebat Ama, meureun ka maranehna teh perenah incu. Bongbang Rarang jeung Bongbang Kancana beuki gede teh beuki tambah panasaran bae.

Nepi ka hiji mangsa mah, eta dua budak teh ngadesek hiji emban, emban kapercayaan ibuna ti bubudak supaya ngabejakeun bapana anu sajati. Ku lantaran terus diguliksek, ditanya ku duaan meh unggal usik. Ahirna eta emban teh eleh deet. Pok bae atuh ngomong halon, “Rama Raden teh anu saleresna mah Sang Prabu Brawijaya Raja Majapahit.”

Ayeuna Bongbang Rarang nyahoeun bapana. Tangtu we eta hal teh matak kaget Sang Raja. Ditanya saha anu mere nyaho, Bongbang Rarang, kitu deui Bongbang Kancana, henteu daek betus lantaran inget kana jangjina, moal ngabejakeun jalma anu mere nyahona. Ngan ti harita Bongbang Rarang terus ngurihit, sangkan akina ngidinan pikeun indit ka Majapahit. Tapi Raja Pajajaran henteu ngidinan bae, lantaran melang bisi kuma onam di jalanna.

Ahirna dina hiji peuting jemplang-jempling, Bongbang Rarang ngalolos ti karaton, niatna geus gilig rek indit ka Majapahit, nepungan bapana anu jadi raja di Majapahit. Isukna, sapangeusi karaton ibur, Bongbang Rarang teu aya di karaton. Bur-ber anu nareangan ka ditu ka dieu. Weleh anu diteanganana henteu kapanggih, leungit lir anu diteureuy ku poekna bumi.

Kocapkeun adina, Bongbang Kancana, sanggeus nyaho nu jadi lanceuk ngalolos, rerencepan nyusul ngalolos ti karaton. Henteu lila oge Bongbang Rarang kasusul, lantaran samemehna geus pasini jangji, tepung di hiji tempat anu dirusiahkeun. Terus atuh duanana neruskeun lalampahan, maksudna rek ngajugjug ka Majapahit, nepungan bapana anu jadi raja di ditu.
Barang nepi ka hiji tempat, anu kiwari katelah Panumbangan tea, Bongbang Larang kacida hanaangna. Kokotetengan neangan cai ka ditu ka dieu, weleh henteu manggih. Breh bae ningali pendil handapeun tangkal, ditingali ku Bongbang Larang aya caian, caina herang ngagenclang bangun tiis. Matak uruy nu keur meujeuhna hanaang.

Henteu diengkekeun deui, cai dina pendil teh ditot
or nepi ka beak. Teuing kumaha mimitina, pendil milepas. Blus teh asup kana sirah Bongbang Larang. Sirah Bongbang Larang seret beuheung, katutupan ku pendil anu dijieunna tina beusi. Dicoba dilaan, malah ku duaan, hese pisan. Ti dinya Bongbang Larang indit, leumpangna ditungtun ku Bongbang Kancana, maksudna rek menta tulung ka nu lian.

Sakur jalma anu dipentaan tulung, euweuh anu bisaeun ngalaan eta pendil. Ti dinya aya jalma anu ngabejaan, sangkan Bongbang Larang dibawa ka dukun, dukun kaceluk sakti, ngaranna Aki Garahang. Barang tepung jeung Aki Garahang, barabat atuh Bongbang Kancana nyaritakeun lalampahanana ti awal nepi ka ahir. Ditetek taya nu kaliwat.

Sanggeus ngadenge caritaan Bongbang Kancana, pok Aki Garahang ngomong antare.

“Eta teh pangajaran keur hidep duaan, yen sagala kalakuan anu henteu diidinan ku kolot, sok matak aya balukarna anu henteu ngeunah. Jeung deuih, Ujang, Nyai, ari nginum notor tina pendil teh kalakuan anu teu hade.”

Aki Garahang karunyaeun ka Bongbang Larang. Pokna, “Keun sugan bisa urang akalan ku Aki.”

Sup Aki Garahang ka kamarna, metakeun tatali paranti ngukus ka karuhun. Aki Garahang sidakep sinuku tunggal, neneda pituduh ka Hyang Widi. Aki Garahang meunang ilapat, yen eta pendil kudu dibeulah ku kujang pusaka. Aki Garahang nyokot kujang pusaka, pek dikadekkeun kana pendil beusi. Teu sakara-kara, pendil bencar sapada harita.

Bongbang Larang jeung Bongbang Kancana dititah nganjrek heula di dinya, ulah wara neruskeun lalampahanana. Eta dua rumaja teh nurut ka Aki Garahang. Dina hiji poe, Aki Garahang rek iinditan. Samemeh Aki Garahang indit papadon heula, sangkan Bongbang Larang Bongbang Kancana ulah wani-wani ulin ka Cipangbuangan. Ari Cibangbuangan teh mangrupa talaga, anu caina canembrang herang.
Abong nonoman keur meujeuhna belekesenteng, dicaram teh lain nurut tapi kalah ka panasaran. Bongbang Larang jeung Bongbang Kancana siga anu ngahajakeun ulin ka Cibangbuangan. Breh ningali cai talaga anu sakitu herangna. Jorojoy bae lanceukna aya karep hayang kokojayan. Teu loba carita, gebrus Bongbang Larang ancrub, terus kokojayan bangun nu ngeunaheun naker. Bongbang Kancana kabitaeun, brus ka talaga. Duaan arulin kokojayan sukan-sukan dina cai.

Lila-lila dina saluar awak eta dua nonoman barijil bulu belang koneng jeung hideung. Janggelek bae duanana jadi maung. Maung lodaya jalu jeung bikang. Barang duanana saladar kana eta kajadian, terus silihrangkul bari ceurik paungku-ungku. Duanana kaduhung geus ngarempak larangan. Tapi kaduhung ti pandeuri mah taya gunana.

Dua maung kajajaden teh balik deui nepi ka pangajrekanana di imah Aki Garahang. Aki Garahang geus nyampak deui di dinya. Ges teg bae eta maung teh maung kajajaden, Bongbang Larang jeung Bongbang Kancana, anu geus ngadon mandi di Cipangbuangan. Pok Aki Garahang ngomong bari dareuda, “Ayeuna mah Aki henteu bisa nulungan lantaran hidep duaan geus ngarempak larangan jeung henteu nurut kana papatah kolot.”

Dua maung kajajaden teu panjang tatanya. Sanggeus amitan ka Aki Garahang, duanana neruskeun deui lalampahanana. Barang meuntas di Walungan Cimuntur, duanana ampir-ampiran keuna ku ajal lantaran kajiret ku akar oyong. Sanggeus leupas tina eta bahaya, Bongbang Larang kabawa palid ku Walungan Cimuntur anu caina tarik.

Bongbang Larang kabawa palid ka hilir, terus kasedot asup kana gawul tataheunan, nyaeta tangkal kawung anu dibobok tengahna, tataheunan paranti ngala lauk di walungan. Untungna bae ditulungan ku hiji patani. Bongbang Larang katut gawulna, dihanjatkeun ka darat ku eta patani. Tuluy eta gawul teh dibeulah ku kampak. Sakali dua kali, nepi ka puluhan kalian, tapi gawul teh teu daek beulah bae.

Ku lantaran geus ngarasa taak, Bongbang Larang dibawa ka Raja Panjalu anu harita mah linggihna di Dayeuhluhur. Bongbang Kancana ngiclik di tukangeunana. Srog ka payuneun Raja Panjalu, barabat eta dua maung teh nyaritakeun lalampahanana ti awal nepi ka ahir. Raja Panjalu kacida pisan karunyaeunana. Gawul dilaan tina awak Bongbang Larang, molonyon siga anu babarieun pisan.
Minangka mulang tarimana ka Raja Panjalu, Bongbang Larang jeung Bongbang Kancana jangji moal ngaganggu ka turunan Panjalu iwal anu ngalampahkeun tilu perkara. Kahiji, anu nginum ditotor tina pendil. Kadua, anu melak tangkal oyong. Katilu, anu nyieun gawul tina kawung bari henteu dibeulah heula. Eta jangji maung kajajaden teh dikuatan ku jampe pamake Raja Panjalu.

Ti di
nya eta dua maung kakajaden teh neruskeun deui lalampahannana, nyorang leuweung-leuweung geledegan, mipir-mipir pasir, mapay-mapay jungkrang, ngaraas teuing sabaraha walungan. Ahirna anjog bae ka Karajaan Majapahit, maksudna rek nepungan bapana.

Barang srog ka lawang saketeng karaton, gulang-gulang anu ngajaga lawang pahibut bari nyangking pakarangna. Lantaran disampeurkeun ku maung, maung sadua-dua jeung galede deuih. Tuluy bae atuh maung teh pada ngepung. Gancang dihuit ku Bongbang Larang. Anu ngarepung karaget tingraringeuh, mireungeuh aya maung bisa cacarita.

Bongbang Larang nyaritakeun, saenyana manehna duaan teh putra Raja Majapahit, Sang Prabu Brawijaya, ti Putri Kencana Rarang ti Pajajaran. Geus kitu mah, eta dua maung teh dianteurkeun ka jero karaton, ngadeuheus ka Sang Prabu Brawijaya anu harita nuju aya di paseban, ngempel sareng abdi-abdi karaton.

Sang Prabu Brawijaya kaget manahna nampi dua tatamu aneh anu ngadeuheus. Barabat atuh Bongbang Larang nyaritakeun lalakonna ti mimiti ngalolos ti Pajajaran, robah wujudna jadi maung di perjalanan, tug dugi ka ayeuna aya di payuneun ramana. Ngadangu kitu, Sang Prabu ngagabrug. Dua maung kembar teh digalentoran, nyacapkeun kasono ka nu nembe tepang. Tapi ku lantaran ayeuna mah geus beda, wujudna geus robah jadi maung lodaya, pok bae Sang Prabu Brawijaya sasauran.

“Ujang, Nyai, sanajan ayeuna geus robah, tapi taya bayana pikeun nyieun kahadean, taya salahna pikeun meunang kabagjaan.”

Bongbang Larang ditimbalan jadi raja di sakuliah leuweung Majapahit. Ari Bongbang Kancana ditimbalan jadi ratu di sakuliah leuweung Pajajaran.

Ceuk sakaol, sataun sakali unggal Mulud, eta dua maung sok ngahajakeun papendak. Ari tempatna matuh di Panjalu. Nya ti harita deuih aya pacaduan pikeun sakabeh turunan Panjalu, nyaeta teu meunang notor cai tina pendil, teu meunang melak oyong, jeung teu meunang nyieun kuluwung tina kawung anu henteu dibeulah heula.

 
Design by Free WordPress Themes | Bloggerized by Lasantha - Premium Blogger Themes | Lady Gaga, Salman Khan