Rabu, 18 April 2012

Lutung Kasarung Versi Kuningan


CAI nu ngamalir pasusul-susul ti Gunung Cireme, ngagolontor nuturkeun arula-arilena leuwi luyu reujeung tekstur (kaayaan) gunung nu mingkin mudun. Ti cigowong (1250 – 1600 mdpl), cai aya nu mengkol ka sababaraha leuwi jeung nu leungit atawa nyerep ka jeuro taneuh. Engkena jaradi sungapan, boh di wewengkon tepis wiring Ciremena atawa di pilemburan.

Cai nu mengk
ol diantarana ngamalir ka curug bangkong Kacamatan Darma, cilengkrang Desa Pajambon Kacamatan Karamatmulya. Reujeung ka curug ciputri nu perenahna di bumi perkemahan palutungan Desa Malaraman Kacamatan Cigugur. Dumasar data LSM Akar, eta tilu curug debit caina panggedena di tepis wiring Gunung Cirema beulah kidul. Ngan hanjakal kiwari rada turun debitna.

Taun 1997 debit caina masih keneh 1.500 liter kubik perdetik. Taun 2003 turun jadi 700 liter kubik perdetik sedengkeun kiwari anjlok nepi ka 400 liter kubik perdetik. Turuna debit cai aya sababaraha alesan, diantarana leuweung tutupan di lelewek panguyangan badak jeung cigowong geus tumpur alatan dibukbak. Sedengkeun pihak taman nasional Gunung Cireme (TNGC) teu ngaku aya karusakan leuweung.

Eta tilu curug, mibanda kapunjulan sewang-sewangan tina jihad pariwisata jeung mitosna. Sacara pisik oge teu sarua. Siga curug bangkong luhurna kurang leuwih 50 meteran, cilengkrang aya dua curug nu hiji luhurna 75 meter jeung hijina deui 60-an. Dilebah goangna, ka luar cai panas. Antara cai panas jeung nu tiis teu ngahiji. Sedengkeun curug ciputri kurang leuwih 65 meter.

Anu rada unik ti tilu curug, ngan curug ciputri nu mibanda mitos atawa legenda rada onjoy ti nu sejena. Curug ciputri dipercaya ku masarakat sabudeureunana kawas di Desa Malaraman, Cisantana jeung Puncak baheulana aya pakuat-pakait jeung Karajaan Pasir Batang. Ceuk legenda, eta karajaan kungsi ngadeg di wewengkon Kuningan mangsa taun 2.000 samemeh masehi (SM). 
Karajaan Pasir Batang nu dirajaan ku Prabu Tapa Ageung kasurah dina Carita Lutung Kasarung. Eta karajaan ayana dumasar carita rahayat di Desa Gunungsari Kacamatan Darma, Sagarahyang, Jambar, Tinggar, Ciherang kaerah ka Kacamatan Nusaherang. Maranehanana percaya lantaran di lelewek eta aya ngarana pasir batang, pasir anjun lebak cilutung.

Samalah di Desa Sagarah
yang kungsi ditimukeun kapak batu ku Sahidin salah saurang warga di eta lelewek. Dumasar catetan Kantor Suaka Serang nu ngokolakeun arkeologi, kampak batuna kungsi hirup di jaman kira-kira 2.000 SM. Pon kitu deui patung lingga yoni nu nuduhkeun tempat ibadah agama Hindu-Budha. “Pikeun ngabuktikeunana yen Karajaan Pasir Batang kungsi ngadeg di Kuningan kudu aya panalungtikan nu leuwih gemet,” tandes Sahidin.

“Pakuat pakaitna curug ciputri jeung legenda lutung kasarung. Pedah baheulana curug ciputri dianggap tempat ngebakna putri Purbasari. Salah saurang putri Raja Tapa Ageung satutasna dipetenah ku lanceuk-lanceukna nyaeta Purbalarang, Purbaleuwih, Purbaendah, Purbakasih jeung Purbakancana,” ceuk M. Subhan salah saurang patugas bumi perkemahan palutungan nu dikokolakeun ku Kantor Pemangkuan Hutan (KPH) Perhutani Regional III Bandung.

Subhan ngadadarkeun pamanggihna, eta oge dumasar caritaan urang lembur. Da dirina mah lain pituin urang dinya. Mangsa Purbasari ditundung ti karajaan inyana nganjrek di tempat nu teu pati jauh ti puser karajaan nyaeta Pasir Batang. Jarak antara pasir batang jeung palutung kurang leuwih dalapan kilometerna. Mun dijugjug ti palutungan ka tebeh kidul.

Disebutkeunana palutungan oge lantaran di eta lelewek baheulana tempat katimuna Purbasari jeung lutung. Lutung teh lain salutung-lutungna tapi Sanghyang Guru Minda, salah saurang dewa ti kahyangan nu nyamar jadi lutung. Di eta patempatan pisan, Purbasari jeung Guru Minda ngawangun hiji kakuatan pikeun ngaladenan sikep dilekana lanceuk-lanceukna.
“Curug ciputri baheulana teu kawas kiwari caina rada ngorotan jeung patempatanana endah. Rea tatangkalan pating jalegir sagede-gede beuteung munding. Ari ayeuna mah apanan jadi leuweung produksi nu dipelakan ku kai pines. Curugna oge matak pikabetaheun. Kalingkung ku gawir nangtawing, rea akar nu ngais batu jeung cadas,” ceuk Subhan.

Kuendah-endahna curug ciput
ri, samemehna anak Raja Tapa Ageung sok ngahalnakeun ngadongkang ka eta patempatan kajeun rada anggang. Boh keur pakansi atawa ngadon ngebak (mandi). Keur mah caina herang ngagenyas tur karasana tiis pisan. Mun ngebak teh matak poho kana waktu. Kawasna eta salah sahiji alesan, dipercayana curug ciputri tempatna para putri ngebak.

“Memang taya patilasan nu nuduhkeun curug ciputri tempat mandina putri-putrina Raja Tapa Ageung. Dina ayana oge pasti geus burakrakan mangsa Cireme bitu kira-kira taun 1856-an. Tapi mun dilakukeun eskavasi tangtuna bakal kapanggih. Ngan merelukeun waktu lila lantaran tekstur taneuhna nanjak mudun. Tapi keun bae eta mah lain urusan kuring, tapi ahlina,” pokna.

Subhan oge ngaku, apal caritaan eta lain tina literatur tapi dumasar caritaan masarakat di eta lelewek. Ngan inyana boga angkeuhan mun dilakukeun eskavasi tangtuna nu salila ieu jadi mitos bisa dibuktikeun sacara ilmiah. Kayakinan dirina dumasar pamanggihna salila tugas di Perum Perhutani, hususna di lapangan. Kusabab situs-situs di Kabupaten Kuningan, rata-ratana aya di leuweung produksi milik Perhutani.

Jadi teu munasabah, mun dirina rada taram-taram kana situs da sok ngaroris leuweung milik perhutani nu aya di sabudeureun tepis wiring Gunung Cireme. Pon kitu deui, pasir batang, pasir anjun nu dipercaya ku masarakat Sukasari tempat dipendemna layon kalima putri Raja Tapa Ageung jeung lebak cilutung oge kaereh ka KPH Perhutani Kuningan. Kiwari dikokolakeun ku KPH Perhutani Regional III Bandung tacan diasupkeun kana daptar atawa inventaris TNGC.
“Mun dieskavasi oge, lain hartina ngaruksak leuweung tapi dilakukeun ku cara leuwih hade. Sabab mun salah nangtukeun tempat eskavasi leuweung di tepis wiring Cireme baris ruksak parna. Tumibana lain bae karasa ku masarakat dalah plora jeung paunana oge milu tumpur,” ceuk Subhan miharep.

Iwan, 37 taun, salah saurang warga Desa Cisantana mairan. Dirina masih perc
aya yen tempat-tempat nu disebutkeun ku Subhan mangrupakeun tempat ngadegna Karajaan Pasir Batang. Hartina, carita lutung kasarung mangrupakeun bagean tina sajarah dina kahirupan mangsa harita. Tapi kulantaran rea daerah nu ngaku mibanda eta carita, antukna nu aya di Kuningan mah teu dipirosea.

Kajeun kitu, ceuk Iwan nu ngaku lulusan sarjana sastra Indonesia tapi milih jadi patani jeung ngurus sapi. Aya sababaraha teori nu bisa dijieun patokan pikeun ngaguar hiji sajarah. Diantarana ayana artepak, buku babon atawa literatur jeung dumasar carita rahayat di hiji lelewek atawa folklor. Mun geus aya artepakna kari nalungtik di laboratorium keur mastikeun tauna.

Mun taya artepak atawa riteraturna tapi aya carita rahayat tangtuna bisa dijadikeun bahan dasar keur nalungtik. Pon kitu deui pakuat-pakaitna reujeung curug ciputri. Geus puguh aya folklor, bukti-bukti sajarah nyaeta kampak batu di Sagarahyang jeung ngaran-ngaran tempat nu luyu jeung alam harita. Samalah dina peta Kuningan nu dijieun ku Belanda taun 1889 nyantumkeun ngaran-ngaran nu geus ditataan.

0 komentar:

 
Design by Free WordPress Themes | Bloggerized by Lasantha - Premium Blogger Themes | Lady Gaga, Salman Khan