Rabu, 18 April 2012

Sajarah singket BANTEN


kiwari mangrupakeun ngaran hiji propinsi di Indonésia nu ayana di pulo Jawa. Propinsi ieu tadina mah mangrupa bagian ti propinsi Jawa Barat, nu dumasar aspirasi masarakat dimekarkeun jadi propinsi mandiri taun 2000. Wilayah Banten ngawengku daérah-daérah nu baheulana mangrupakeun bagian ti wilayah Kasultanan Banten tanpa Lampung jeung Bengkulu, nyaéta Sérang, Lebak, Pandéglang, Cilegon, jeung Tangerang. Puseur dayeuhna di Serang.

Di wewengkon Banten baheula kungsi ngadeg hiji kasultanan dina abad ka-16, diancurkeun ku pamaréntah jajahan Hindia Walanda abad ka-18. Propinsi Banten dibentuk taun 2000.

Banten dina abad ka 5 mangrupa bagian ti Karajaan Tarumanagara. Prasasti titilar Karajaan Tarumanagara nyaéta Prasasti Cidanghiang atawa prasasti Lebak, anu kapanggih di kampung lebak di sisi walungan Cidanghiang, kacamatan Munjul kabupatén Pandeglang. Prasasti ieu kakara kapanggih taun 1947 sarta eusina 2 jajar kalimah ngawangun puisi jeung hurup Pallawa sarta basa Sansekerta. Eusi prasasti kasebut nyaritakeun wawanen raja Purnawarman.

Sanggeus runtagna karajaan Tarumanagara alatan serangan karajaan Sriwijaya, kakawasaan di bagian kulon Pulo Jawa ti Tungtung Kulon nepi ka Kali Ciserayu dituluykeun ku Karajaan Sunda. Dina jaman Karajaan Sunda, Banten jadi salah sahiji palabuan penting Karajaan Sunda. Nurutkeun sumber Portugis, Banten nyaéta salah sahiji palabuan Karajaan Sunda salian ti palabuan Pontang, Cigede, Tamgara (Tangerang), Sunda Kalapa sarta Cimanuk. Nurutkeun naskah Bujangga Manik anu diukir dina daun lontar anu ditunda di perpustakaan Bodleian, Oxford, Inggris, saprak taun 1627, Banten disebut wahanten girang.

Saterusna Islam asup ka wewengkon Banten dina abad 16 nyaéta waktu Kasultanan Demak ngalegakeun pangaruhna ka wewengkon kulon. Dina taun 1524/1525, Sunan Gunung Jati ti Cirebon babarengan jeung pasukan Demak naklukkeun pangawasa palabuan Banten, sarta ngadegkeun Kasultanan Banten anu ngabalad ka Demak.

Banten saterusna asup jadi bagian provinsi Jawa Barat dina taun 1925 sabot Pamaréntah Hindia Walanda nyieun Provinsi Jawa Barat. Dibentukna propinsi éta minangka palaksanaan Bestuurshervormingwet taun 1922, anu ngabagi Hindia Walanda jadi sababaraha provinsi. Saméméh taun 1925, dipaké istilah Soendalanden (Tatar Soenda) atawa Pasoendan, minangka istilah geografi pikeun nyebutkeun bagian ti Pulo Jawa di palebah kulon Walungan Cilosari sarta Citanduy anu kalolobaan dicicingan ku anu ngagunakeun basa Sunda minangka basa indung.
Pamaréntahan Provinsi Banten dijieun dina taun 2000.

0 komentar:

 
Design by Free WordPress Themes | Bloggerized by Lasantha - Premium Blogger Themes | Lady Gaga, Salman Khan